Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 4

Kudu Kumaha Lamun Abdi Nyieun Salah?

Kudu Kumaha Lamun Abdi Nyieun Salah?

KU NAON PENTING?

Lamun anjeun ngaku salah, anjeun bakal jadi jalma nu leuwih tanggung jawab jeung bisa dipercaya.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Iwan keur maén bal jeung babaturanana. Prang, balna keuna kaca mobil tatanggana.

Lamun anjeun jadi Iwan, anjeun rék kumaha?

PIKIRKEUN HEULA!

AYA TILU PILIHEUN:

  1. Kabur.

  2. Nyalahkeun batur.

  3. Ngaku salah ka tatangga terus nawarkeun pikeun ganti rugi.

Bisa waé anjeun kagoda milih Piliheun A. Tapi, aya alesanana ku naon anjeun kudu ngaku salah, teu sual anjeun meupeuskeun kaca atawa nyieun kasalahan nu séjén.

TILU ALESAN KU NAON PERLU NGAKU SALAH

  1. Éta téh hal anu bener.

    Ceuk Kitab Suci, ”Nu dipambrih taya deui salian ti hayang salawasna bisa ngalampahkeun anu bener.”​—Ibrani 13:18.

  2. Batur leuwih resep ngahampura jalma nu ngaku kana kasalahanana.

    Ceuk Kitab Suci, ”Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna. Lamun ngaku kana dosana sarta tuluy tobat, tangtu . . . dipikawelas.”​—Siloka 28:13.

  3. Nu pangpentingna, éta nyukakeun Allah.

    Ceuk Kitab Suci, ”Nu adatna jahat teh kagiruk PANGERAN. Sabalikna jalma anu satuhu mah jadi kapercayaan Mantenna.”​—Siloka 3:32.

Karina, nu umurna 20 taun, nyumputkeun surat tilang ti bapana. Tapi, éta teu bisa terus disumputkeun. Ceuk Karina, ”Sataun sanggeusna, surat tilang abdi téh kapanggih ku bapa. Atuh éta téh jadi masalah!”

Naon palajaranana? Ceuk Karina, ”Lamun urang nyumputkeun kasalahan, masalahna kalah ka jadi beuki ruwet. Urang tetep kudu tanggung jawab engkéna!”

DIAJAR TINA KASALAHAN ANJEUN

Ceuk Kitab Suci, ”Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan.” (Yakobus 3:2) Lamun anjeun langsung ngaku salah, éta tandana anjeun téh bijaksana jeung rendah haté.

Terus, éta téh kudu dijadikeun palajaran ku anjeun. Ceuk budak ngora nu ngaranna Vera, ”Unggal kasalahan ku abdi dijadikeun palajaran sangkan abdi jadi jalma nu leuwih hadé. Ku kituna, lamun aya masalah nu siga kitu deui, abdi bisa nyanghareupanana ku cara nu leuwih hadé.” Hayu urang tingali kumaha anjeun bisa ngalarapkeunana.

Anjeun nginjeum sapédah bapa, terus sapédahna ruksak. Naon nu bakal anjeun lakukeun?

  • Jempé, sugan wé teu kanyahoan ku bapa.

  • Ngaku salah ka bapa.

  • Nyaritakeun kajadianana bari nyalahkeun batur.

Nilai ujian anjeun goréng lantaran teu diajar. Anjeun bakal kumaha?

  • Nyalahkeun soal ujianna.

  • Iklas narima balukarna nyaéta nilai nu goréng.

  • Nuduh guruna teu resepeun ka anjeun.

Teterusan mikirkeun kasalahan nu geus kaliwat ibarat teterusan ningali ka kaca spion bari nyetir mobil

Ayeuna, tingali deui kajadian nu tadi, jeung bayangkeun lamun anjeun jadi (1) bapa jeung (2) guru. Naon nu bakal dipikirkeun ku bapa jeung guru anjeun lamun anjeun langsung ngaku salah? Naon nu bakal dipikirkeun ku bapa jeung guru anjeun lamun anjeun nutupan kasalahan?

Ayeuna, pikirkeun hiji kasalahan anjeun di taun kamari terus jawab pananya di handap ieu.

Naon kasalahanana? Kumaha cara anjeun nyanghareupan masalahna?

  • Ditutup-tutupan.

  • Nyalahkeun batur.

  • Ngaku salah.

Lamun anjeun teu ngaku salah, kumaha parasaan anjeun sanggeusna?

  • Asik, teu kanyahoan!

  • Rumasa salah, sakuduna nyaritakeun nu sabenerna.

Kumaha cara nu leuwih hadé pikeun nyanghareupan masalahna?

Anjeun meunang palajaran naon tina kasalahan éta?

KUMAHA CEUK ANJEUN?

Ku naon aya jalma nu teu daék ngaku salah?

Naon nu bakal dipikirkeun ku batur lamun anjeun terus nutupan kasalahan, tapi naon nu bakal dipikirkeun ku batur lamun anjeun ngaku salah?​—Lukas 16:10.