Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 5

Kumaha Mun Abdi Diganggu di Sakola?

Kumaha Mun Abdi Diganggu di Sakola?

KU NAON PENTING?

Sikep anjeun nangtukeun kaayaanana bakal jadi leuwih hadé atawa leuwih goréng.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Poé ieu Toni embungeun indit ka sakola. Kitu ogé isukna jeung saterusna. Éta dimimitian waktu tilu bulan katukang aya babaturanana nu ngagosipkeun manéhna. Terus manéhna dibéré sebutan. Sakapeung aya nu nepak bukuna Toni nepi ka murag, ngomongna mah teu dihaja. Aya ogé nu nyuntrungkeun manéhna, tapi waktu Toni ngalieuk, euweuh nu ngaku. Malahan kamari mah kaayaanana leuwih parah deui, Toni diancam liwat Internét . . .

Lamun anjeun jadi Toni, anjeun rék kumaha?

PIKIRKEUN HEULA!

Anjeun téh sabenerna henteu lemah! Malahan anjeun teu kudu gelut pikeun ngéléhkeun nu sok ngaganggu. Kumaha carana?

  • TETEP KALEM. Ceuk Kitab Suci, ”Nu gejul mah ambekna sok terus budal. Jalma nu lantip mah sabar, amarahna dikemu.” (Siloka 29:11) Lamun anjeun tetep kalem, sanajan di luarna wungkul, nu ngaganggu gé bakal horéameun.

  • ULAH NGABALES. Ceuk Kitab Suci, ”Nu goreng ulah dibales ku goreng.” (Rum 12:17) Lamun anjeun ngabales, kaayaanana bakal jadi beuki goréng.

  • ULAH NYIAR PIMASALAHEUN. Ceuk Kitab Suci, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan.” (Siloka 22:3) Sabisana, singkahan jalma nu sok nyieun masalah jeung singkahan kaayaan nu bisa ngalantarankeun anjeun diganggu.

  • BÉRÉ JAWABAN NU TEU DISANGKA-SANGKA. Ceuk Kitab Suci, ’Jawaban nu lembut nyirnakeun amarah.’ (Siloka 15:1) Malahan, anjeun gé bisa ngaheureuykeun. Contona, lamun anjeun dipoyokan gembrot, anjeun bisa ngomong, ”Ah engké gé bakal ngabegangan!”

  • NGALÉOS INDIT. Nora nu umurna 19 taun ngomong, ”Lamun anjeun teu ngawaro, éta hartina anjeun téh bijaksana jeung leuwih kuat ti batan jalma nu ngaganggu anjeun. Éta ngabuktikeun yén anjeun bisa ngadalikeun diri, teu siga maranéhna nu sok ngaganggu.”​—2 Timoteus 2:24.

  • SING PERCAYA DIRI. Nu sok ngaganggu biasana nyahoeun saha waé nu mikir négatif ka dirina sorangan jeung saha waé nu lemah. Maranéhna bakal horéameun lamun anjeun teu ngalawan.

  • LAPORKEUN. Saurang pangsiunan guru ngomong, ”Abdi ngadesek saha waé nu sok diganggu pikeun ngalapor. Éta nu kudu dilakukeun sangkan nu séjén moal milu diganggu.”

Lamun anjeun percaya diri, anjeun bakal boga kakuatan nu teu dipiboga ku nu sok ngaganggu