Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 6

Kumaha Abdi Bisa Nolak Godaan?

Kumaha Abdi Bisa Nolak Godaan?

KU NAON PENTING?

Lamun anjeun boga pamadegan, anjeun bisa ngatur hirup anjeun sorangan, lain diatur ku batur.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Waktu ningali dua babaturanana ngadeukeutan, Rian ngadadak nyeri beuteung. Dina minggu ieu, geus dua kali maranéhna nawaran roko ka Rian. Jadi, ayeuna téh nu katilu kalina.

Budak nu kahiji ngomong:

”Sorangan deui yeuh? Dieu geura ku urang dikenalkeun ka babaturan.”

Waktu nyebut ”babaturan”, ngomongna téh meni tandes bari ngiceup. Manéhna ngaluarkeun hiji barang tina pésakna, tuluy diasongkeun ka Rian.

Rian ningali roko nu dicekel ku budak éta. Beuteungna jadi beuki nyeri.

Ceuk Rian, ”Henteu ah. Pan urang geus ngomong ka manéh . . .”

Budak nu séjénna motong omongan Rian, ”Manéh mah kecingan!”

”Henteu!” ceuk Rian bari diwani-wanikeun.

Bari ngarangkul Rian, budak éta ngomong lalaunan, ”Cokot wé.”

Ku budak nu kahiji roko téh beuki diasongkeun ka hareupeun beungeutna Rian. Manéhna ngaharéwos, ”Tenang, urang moal bébéja ka sasaha. Moal aya nu nyahoeun.”

Lamun anjeun jadi Rian, anjeun rék ngajawab naon?

PIKIRKEUN HEULA!

Waktu babaturan Rian ngaroko, naha éta téh geus dipikirkeun heula saacanna? Naha éta téh putusan maranéhna sorangan? Sigana mah henteu. Lolobana mah nyerah kana godaan ti babaturanana. Lantaran hayang diaku, maranéhna daék diatur ku babaturan.

Lamun anjeun ngalaman nu sarua, kumaha carana sangkan anjeun teu siga maranéhna jeung bisa nolak godaan ti babaturan?

  1. SIAPKEUN DIRI

    Ceuk Kitab Suci, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.”​—Siloka 22:3.

    Biasana, urang nyaho naon nu bakal jadi pimasalaheun. Contona, anjeun ningali sakelompok babaturan nu keur ngaroko ngadeukeutan anjeun. Lamun anjeun geus nyiapkeun diri, anjeun bisa nyanghareupan maranéhna.

  2. PIKIRKEUN

    Ceuk Kitab Suci, urang téh kudu ”dibarung ku hate anu beresih”.​—1 Petrus 3:16, Sunda Formal.

    Tanya ka diri sorangan, ’Kumaha parasaan kuring engkéna lamun pipilueun jeung babaturan?’ Mémang, keur saheulaanan anjeun ditarima ku babaturan. Tapi, kumaha parasaan anjeun engkéna? Naha anjeun réla ngorbankeun jati diri anjeun sangkan ditarima ku babaturan?​—Budalan 23:2.

  3. JIEUN PUTUSAN

    Ceuk Kitab Suci, ”Jelema nu boga pikiran mah sok ati-ati.”​—Siloka 14:16.

    Boh ayeuna boh engké, urang kudu nyieun putusan jeung narima balukarna. Kitab Suci nyebutkeun yén Yusup, Ayub, jeung Yésus (nabi Isa) nyieun putusan nu bener. Tapi Kain, Ésau, jeung Yudas nyieun putusan nu salah. Lamun anjeun kumaha?

Ceuk Kitab Suci, ”Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede.” (Lukas 16:10) Lamun anjeun geus mikirkeun balukarna terus nyieun putusan, ngajelaskeun pamadegan anjeun téh henteu hésé jeung hasilna bakal alus.

Ulah sieun, anjeun teu perlu ngahutbahan babaturan anjeun. Kalawan singget tur tegas, anjeun bisa nolak godaan maranéhna. Atawa, tunjukkeun yén anjeun téh teu bisa dipangaruhan, anjeun bisa ngomong kieu:

  • ”Embung ah!”

  • ”Urang mah teu resep ka nu kitu!”

  • ”Pan manéh nyaho urang tara daék ka nu kitu!”

Koncina téh nyaéta anjeun kudu langsung ngajawab tur teu asa-asa. Anjeun moal nyangka yén maranéhna bakal eureun ngagoda anjeun!

KUMAHA LAMUN ANJEUN DIPOYOKAN?

Lamun anjeun nyerah kana godaan ti babaturan, anjeun bakal siga robot nu dikadalikeun ku maranéhna

Kumaha lamun babaturan moyokan anjeun? Kumaha lamun maranéhna ngomong, ”Ku naon sih manéh téh? Sieun nya?” Lamun anjeun dipoyokan, éta hartina anjeun keur dipangaruhan ku babaturan. Kumaha carana anjeun ngajawab maranéhna? Aya dua cara.

  • Tarima waé lamun maranéhna moyokan. (”Mémang urang sieun!” Terus jelaskeun alesan anjeun nolak.)

  • Jawab maranéhna. Béré nyaho alesan anjeun nolak supaya maranéhna mikir. (”Lamun pinter mah manéh moal ngaroko!”)

Lamun babaturan terus moyokan anjeun, geura nyingkah ti dinya! Inget, beuki lila anjeun aya di dinya, beuki gedé godaanana. Lamun anjeun nyingkah ti dinya, éta némbongkeun yén anjeun téh embung diatur ku maranéhna.

Kanyataanana, anjeun kudu nyanghareupan godaan ti babaturan. Tapi, anjeun bisa nyieun putusan sorangan, ngajelaskeun pamadegan anjeun, jeung ngatur hirup anjeun sorangan. Ahirna, mémang anjeun nu kudu mutuskeun!​—Yosua 24:15.