Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 8

Naon Serangan Séksual téh?

Naon Serangan Séksual téh?

KU NAON PENTING?

Unggal taun, jutaan jalma diperkosa atawa dikaniaya sacara séksual, sasaran utamana nyaéta budak ngora.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Ujug-ujug aya nu ngabeubeutkeun Annette. Manéhna nyarita, ”Abdi ngalawan ku sagala cara. Abdi ngagorowok, tapi euweuh sora nu kaluar. Manéhna ku abdi didorong, ditajongan, diteunggeulan, jeung dicakaran. Waktu karasa péso nusuk kana kulit, abdi leuleus teu bisa nanaon.”

Lamun anjeun aya dina kaayaan saperti kitu, naon nu bakal dilakukeun ku anjeun?

PIKIRKEUN HEULA!

Sanajan geus ati-ati, misalna waktu kaluar peuting-peuting, bisa waé kajadian nu goréng kaalaman ku anjeun. Ceuk Kitab Suci, ”Di dunya mah nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap . . . , anu boga kamampuh tara salawasna meunang pangkat luhur, kawantu aya apesna masing-masing.”​—Pandita 9:11.

Siga Annette, sababaraha budak ngora diserang ku jalma nu teu dikenal. Nu séjénna diserang ku jalma nu geus dikenal atawa ku kulawargana sorangan. Waktu umur sapuluh taun, Natalie dikaniaya sacara séksual ku tatanggana nu rumaja kénéh. Manéhna nyarita, ”Abdi sieun pisan jeung éra, matakna abdi embung nyarita ka sasaha.”

LAIN SALAH ANJEUN

Annette masih terus ngalawan rasa kaduhungna. Ceuk manéhna, ”Abdi inget jeung inget deui kajadianana. Kuduna mah abdi terus ngalawan manéhna. Kanyataanana, sanggeus ditusuk, abdi sieun pisan. Abdi teu bisa nanaon deui, padahal sakuduna mah bisa.”

Natalie ogé sarua. Manéhna ngomong, ”Kuduna mah abdi teu gampang percaya ka batur. Sepuh abdi geus ngomong, lamun ulin di luar kudu babarengan jeung lanceuk, tapi abdi teu nurut. Jadi, abdi ngarasa, abdi méré kasempetan ka tatangga pikeun nyerang abdi. Gara-gara abdi, kulawarga jadi milu sangsara. Éta nu pangbeuratna mah.”

Lamun anjeun boga parasaan nu sarua jeung Annette atawa Natalie, anjeun perlu inget yén diperkosa téh lain kahayang anjeun. Sababaraha jalma nyapirakeun masalah ieu, ceuk maranéhna mah wajar mun budak lalaki siga kitu téh atawa korbanna ogé nu hayangeun. Tapi, teu aya saurang-urang acan nu pantes diperkosa. Lamun anjeun jadi korban kalakuan nu bejad ieu, éta lain salah anjeun!

Tangtu maca kalimah ”lain salah anjeun” téh leuwih gampang ti batan ngalarapkeunana ka diri sorangan. Aya nu embung nyaritakeun parasaanana, ku kituna jadi sangsara lantaran ngarasa kaduhung jeung lantaran parasaan négatif séjénna. Tapi, saha nu diuntungkeun lamun anjeun cicing waé? Anjeun atawa nu merkosa? Demi kapentingan anjeun, coba pikirkeun cara séjénna.

CARITAKEUN KAJADIANANA

Kitab Suci nyaritakeun yén waktu nabi Ayub keur sangsara-sangsarana, manéhna ngomong, ”Kuring moal rek ngabetem, lantaran pinuh ku kajengkel hate, pinuh ku kapeurih ati, rek nyoara bae.” (Ayub 7:11) Anjeun bisa nyonto Ayub jeung ngarasakeun mangpaatna. Lamun anjeun nyarita ka jalma nu bisa dipercaya, anjeun bakal ngarasa leuwih plong jeung tenang.

Anjeun bakal kawalahan lamun parasaan anjeun dipendem sorangan. Lamun anjeun nyarita ka batur, anjeun bakal meunang bantuan

Annette geus ngarasakeun mangpaatna. Manéhna nyarita, ”Abdi nyarita ka sobat abdi, manéhna nganjurkeun abdi pikeun ngomong ka dua kokolot sidang. Untung abdi nurut. Sababaraha kali aranjeunna ngobrol jeung ngalilipur abdi. Ceuk aranjeunna, nu geus kajadian téh lain salah abdi. Abdi teu salah nanaon.”

Natalie nyarita ka kolotna ngeunaan panganiayaan manéhna. Ceuk manéhna, ”Aranjeunna ngadukung abdi. Abdi dijurung pikeun nyaritakeun sagalana sarta dibantu supaya henteu terus sedih jeung keuheul.”

Doa ogé ngagedékeun haté Natalie. Ceuk manéhna, ”Waktu abdi teu bisa ngungkabkeun parasaan ka sasaha, abdi bisa ngadoa ka Allah. Abdi bisa nyaritakeun sagalana. Haté jadi tengtrem.”

Anjeun bakal ngarasakeun ”aya waktuna nyageurkeun”. (Pandita 3:3) Jaga kaséhatan fisik jeung émosi anjeun. Cukup istirahat. Nu utamana, andelkeun Allah Yéhuwa nu bisa negerkeun anjeun.​—2 Korinta 1:3, 4.

LAMUN ANJEUN CUKUP UMUR PIKEUN BOBOGOHAN

Lamun anjeun budak awéwé jeung dipaksa ngalakukeun hal nu salah, teu salah lamun anjeun tegas ngomong kieu, ”Tong kitu!” atawa ”Leupaskeun leungeun manéh!” Ulah sieun kaleungitan kabogoh. Lamun manéhna mutuskeun anjeun gara-gara hal ieu, éta hartina manéhna teu layak dipertahankeun! Anjeun pantes meunangkeun lalaki sajati, nu ngahargaan awak jeung prinsip anjeun.

PÉK JAWAB

”Waktu SMP, barudak lalaki osok narikan tali BH jeung omonganana téh kurang ajar. Maranéhna ngomong yén bakal resep lamun abdi ngalakukeun hubungan séks jeung maranéhna.”​—Coretta.

Naha ceuk anjeun barudak lalaki éta téh keur

  1. Ngaheureuyan?

  2. Ngagoda?

  3. Ngalécéhkeun?

”Dina beus, aya hiji budak lalaki nu ngomong jorang jeung ngagaranyang awak abdi. Abdi nangkis leungeun manéhna terus nitah manéhna indit. Manéhna melong siga abdi téh jalma anéh.”​—Candice.

Ceuk anjeun, naon nu dilakukeun ku lalaki éta ka Candice?

  1. Ngaheureuyan?

  2. Ngagoda?

  3. Ngalécéhkeun?

”Taun kamari, hiji budak lalaki ngomong yén manéhna téh resep ka abdi jeung hayang jadi kabogoh abdi, tapi ku abdi ditolak. Sakapeung, manéhna osok ngusapan leungeun abdi. Abdi ngalarang manéhna, tapi manéhna teu ngadéngékeun. Terus waktu abdi keur menerkeun tali sapatu, manéhna nepak bujur abdi.”​—Bethany.

Ceuk anjeun, naha budak lalaki éta téh:

  1. Ngaheureuyan?

  2. Ngagoda?

  3. Ngalécéhkeun?

Jawaban nu bener keur tilu pananya éta téh C.

Naon bédana ngalécéhkeun jeung ngaheureuyan atawa ngagoda?

Pelécéhan séksual ngan nguntungkeun hiji pihak. Éta terus dilakukeun sanajan korbanna embungeun.

Ngalécéhkeun téh hal nu sérius, lantaran tungtungna bisa jadi kakerasan séksual.