Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 10

Kumaha Kitab Suci Bisa Ngabantu Abdi?

Kumaha Kitab Suci Bisa Ngabantu Abdi?

KU NAON PENTING?

Kitab Suci téh ”sagemblengna wahyu ti Allah”. (2 Timoteus 3:16) Lamun Kitab Suci téh bener, tangtuna bisa ngabingbing anjeun.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Dadi nyetir ka daérah nu katingalina asing. Tanda-tanda jalan jeung gedong-gedong nunjukkeun yén ieu téh lain daérah nu rék dituju. Manéhna nyasab. Jadi, manéhna kudu balik deui ka tempat nu mimiti.

Lamun anjeun jadi Dadi, anjeun rék kumaha?

PIKIRKEUN HEULA!

Anjeun boga sababaraha piliheun:

  1. Nanya ka batur.

  2. Ningali peta, atawa maké GPS.

  3. Terus nyetir, sugan wé engké panggih jalanna.

Piliheun C can tangtu bisa ngabantu anjeun.

Piliheun B leuwih hadé ti batan Piliheun A, lantaran peta atawa GPS bisa nuyun anjeun di sapanjang jalan.

Kitab Suci gé sarua!

Buku nu panglarisna ieu bisa

  • ngabingbing anjeun waktu aya masalah

  • ngabantu anjeun leuwih apal ka diri sorangan jeung jadi jalma nu leuwih hadé

  • nunjukkeun carana anjeun bisa ngahontal kahirupan nu panghadéna

JAWABAN TINA PANANYA NGEUNAAN KAHIRUPAN

Ti saprak urang bisa cumarita, urang osok tatanya.

  • Ku naon langit téh warnana biru?

  • Ti mana asalna béntang?

Urang ogé osok tatanya ngeunaan kaayaan dunya di sakurilingeun urang.

  • Ku naon aya kajadian-kajadian nu goréng?

  • Ku naon manusa maot?

Kumaha lamun ti baheula gé jawabanana aya dina Kitab Suci?

Loba jalma ngomong yén Kitab Suci téh pinuh ku dongéng jeung mitos, geus tinggaleun jaman, tur hésé kahartina. Tapi, naha nu jadi masalahna téh Kitab Suci atawa pandangan jalma ngeunaan Kitab Suci? Naha maranéhna téh meunang béja nu salah?

Contona, ceuk jalma-jalma, Kitab Suci ngajarkeun yén Allah nu ngawasa ieu dunya. Tapi, naha mémang kitu? Kaayaan ieu dunya kacow pisan! Loba kasangsaraan jeung kasedih, kasakit jeung pati, kamiskinan jeung musibah. Naha enya Allah nu welas asih nu ngalantarankeunana?

Anjeun hayang nyaho jawabanana? Jawaban Kitab Suci teu sarua jeung pamikir jalma-jalma!

Sakabéh naséhat dina bacaan ieu asalna tina Kitab Suci. Saksi-Saksi Yéhuwa percaya yén bingbingan Kitab Suci bisa diandelkeun, lantaran eusina téh ”wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan”. (2 Timoteus 3:16, 17) Demi mangpaat anjeun, pék talungtik buku kuno nu teu tinggaleun jaman ieu!