Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 1

Allah Nyiptakeun Jagat Raya

Allah Nyiptakeun Jagat Raya

Allah Yéhuwa téh Nu Nyiptakeun sagalana. Allah nyiptakeun hal-hal nu katingali ku urang jeung nu henteu. Saacan nyiptakeun hal-hal nu katingali, Allah nyiptakeun loba pisan malaikat. Hidep apal naon malaikat téh? Malaikat téh mahluk nu saperti Yéhuwa. Allah jeung malaikat teu bisa ditingali ku urang. Yéhuwa nyiptakeun malaikat nu mimiti jang ngabantu Mantenna. Éta malaikat ngabantu Yéhuwa nyiptakeun béntang, planét, jeung nu séjénna. Salah sahiji planétna nyaéta bumi, imah urang nu éndah.

Terus, Yéhuwa nyiapkeun bumi supaya bisa dicicingan ku sato jeung manusa. Yéhuwa nyiptakeun panonpoé jang nyaangan bumi. Yéhuwa gé nyiptakeun gunung, lautan, jeung walungan.

Naon deui nu diciptakeun? Yéhuwa ngomong, ’Urang bakal nyiptakeun rupa-rupa tatangkalan.’ Seug kekembangan, sayuran, jeung bubuahan tumuwuh. Yéhuwa gé nyiptakeun sasatoan nu bisa hiber, ngojay, jeung ngarayap. Aya nu leutik siga kelenci, aya ogé nu gedé siga gajah. Hidep paling resep nu mana?

Terus, Yéhuwa ngomong ka malaikat nu mimiti, ’Hayu Urang nyiptakeun manusa.’ Manusa téh béda ti sato. Manusa mah bisa nyieun rupa-rupa hal, bisa ngomong, seuri, jeung ngadoa. Manusa nu bakal ngurus bumi jeung sato. Hidep apal saha manusa nu mimiti? Hayu urang bahas.

”Nalika Allah nyiptakeun jagat raya.”​—Kajadian 1:1