Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 2

Allah nyiptakeun Lalaki jeung Awéwé

Allah nyiptakeun Lalaki jeung Awéwé

Yéhuwa nyiptakeun hiji taman nu disebut Éden. Éta taman pinuh ku kekembangan, tatangkalan, jeung sasatoan. Terus, Allah nyiptakeun manusa nu mimiti, nyaéta Adam. Allah nyiptakeunana tina taneuh, terus niupkeun napas kana liang irungna. Seug éta manusa hirup! Yéhuwa nugaskeun Adam pikeun ngurus éta taman sarta méré ngaran keur kabéh sato.

Yéhuwa masihan hiji aturan penting. Ceuk Mantenna ka Adam, ’Kabéh buah meunang didahar. Tapi aya hiji tangkal istiméwa, buahna teu meunang didahar. Mun didahar, manéh bakal paéh.’

Terus, Yéhuwa ngomong, ’Urang rék méré batur keur Adam.’ Jadi, Adam ku Allah disina saré tibra. Terus, Allah nyabut hiji tulang igana jang dijadikeun pamajikan keur Adam. Ngaran pamajikanana téh Hawa. Kumaha parasaan Adam? Adam bungah pisan! Manéhna ngomong, ’Tah geuning, ayeuna mah aya nu siga urang! Yéhuwa nyieunna tina tulang urang.’ Ku kituna, Adam jeung Hawa jadi kulawarga nu pangmimitina.

Yéhuwa nitah Adam jeung Hawa pikeun boga budak jeung minuhan bumi. Allah hoyong maranéhna nyieun sakabéh bumi jadi saperti taman Éden, atawa disebut ogé Pirdaus. Tapi, maranéhna gagal. Naon sababna? Hayu urang bahas di palajaran saterusna.

”Waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe.”​—Mateus 19:4