Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 5

Bahtera Nuh

Bahtera Nuh

Hiji waktu, manusa beuki loba di bumi. Tapi, lolobana mah jarahat. Di sawarga ogé, aya malaikat-malaikat nu jadi jahat. Para malaikat ieu ninggalkeun imahna di sawarga, terus turun ka bumi. Ceuk hidep, ku naon para malaikat ieu ngalakukeun hal éta? Maranéhna hayang ngarobah wujudna jadi manusa, terus kawin jeung awéwé-awéwé.

Sanggeus kitu, maranéhna barogaeun anak. Anak-anakna tumuwuh jadi kuat pisan jeung kejem, sarta osok nindes jalma-jalma. Tapi, Yéhuwa teu cicing waé. Allah mutuskeun rék ngabasmi jalma-jalma nu jahat ku banjir gedé.

Tapi, aya saurang lalaki nu béda, ngaranna Nuh. Nuh mah nyaah ka Yéhuwa. Nuh boga pamajikan jeung tilu anak, nyaéta Sém, Ham, jeung Yapét. Kabéh anakna boga pamajikan. Yéhuwa nitah Nuh ngawangun bahtera supaya manéhna jeung kulawargana bisa salamet ti Banjir Gedé. Bahtera téh peti gedé tina kai jeung bisa ngambang. Yéhuwa ogé nitah Nuh ngasupkeun sasatoan ka jero bahtera.

Nuh jeung kulawargana langsung ngawangun bahtera salila kira-kira 50 taun. Bahterana diwangun sakumaha paménta Yéhuwa. Nuh ogé ngingetan jalma-jalma, bakal aya Banjir Gedé. Tapi, teu aya nu ngadéngékeun.

Ayeuna, geus waktuna maranéhna kudu asup ka jero bahtera. Hayu tingali kumaha saterusna.

”Pisumpingeunana Putra Manusa teh bakal cara keur jaman [Nuh].”​—Mateus 24:37