Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 8

Ibrahim jeung Sarah Nurut ka Allah

Ibrahim jeung Sarah Nurut ka Allah

Teu jauh ti kota Babul, aya kota nu ngaranna Ur. Di ditu, jalma-jalmana nyarembah déwa-déwa, lainna Yéhuwa. Tapi, aya hiji lalaki nu nyembah Yéhuwa. Ngaranna Ibrahim.

Yéhuwa ngomong ka Ibrahim, ’Manéh kudu pindah ka tempat nu engké ditunjukkeun ku Urang. Lemah cai jeung dulur-dulur, tinggalkeun.’ Terus Allah jangji, ’Manéh rék dijadikeun bangsa gedé. Engkéna, Urang bakal ngaberkahan jalma-jalma ku jalan manéh.’

Ibrahim teu nyahoeun kudu indit ka mana, tapi manéhna percaya ka Yéhuwa. Jadi Ibrahim, Sarah pamajikanana, Térah bapana, sarta Elut alona, ngepak barang-barang, terus indit.

Ibrahim umurna 75 taun waktu manéhna jeung kulawargana nepi ka tempat nu dititah ku Yéhuwa. Tempat éta téh disebut tanah Kanaan. Terus, Allah ngomong ka Ibrahim, ’Kabéh tanah ieu ku Urang bakal dipasihkeun ka turunan manéh.’ Tapi, Ibrahim jeung Sarah geus kolot jeung teu boga anak. Jadi, kumaha Yéhuwa nyumponan jangji-Na ieu?

”Ku karana percaya, Ibrahim tumut . . . ngajugjug tempat anu dijangjikeun ku Allah bakal dipaparinkeun ka anjeunna. Anjeunna ngantunkeun nagrina bari teu uninga kudu ngajugjug ka mana.”​—Ibrani 11:8