Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 9

Ahirna Boga Anak!

Ahirna Boga Anak!

Geus mangtaun-taun Ibrahim jeung Sarah nikah. Maranéhna ninggalkeun imah nu alus di Ur, terus tinggal di kémah. Tapi, Sarah teu protés sabab nyaho ngalakukeun paréntah Allah téh hal nu panghadéna.

Sarah hayang pisan boga anak. Jadi, Sarah ngomong ka Ibrahim, ’Lamun palayan urang si Hajar boga anak, anakna bakal dianggap anak sorangan ku urang.’ Ahirna Hajar ngalahirkeun anak lalaki, nu dingaranan Ismail.

Mangtaun-taun sanggeusna, pas Ibrahim umur 99 sarta Sarah 89, tilu jalma datang ka kémah. Ibrahim ngajak ngaso di handapeun tangkal sarta nyuguhan kadaharan ka maranéhna. Hidep apal saha maranéhna? Maranéhna téh malaikat! Ceuk para malaikat, ’Taun hareup, manéh jeung Sarah bakal boga anak.’ Sarah ngadéngékeun ti jero kémah. Sarah seuri sorangan bari mikir, ’Urang geus kolot kieu, naha enya bisa kénéh boga anak?’

Taun hareupna, Sarah ngalahirkeun orok lalaki saperti jangji para malaikat. Anakna dingaranan Ishak, hartina ”Seuri”.

Pas Ishak kira-kira umur lima taun, Sarah ningali Ismail sok moyokan Ishak. Sarah hayang nyalindungan anakna, jadi manéhna ménta Ibrahim ngusir Hajar jeung Ismail. Mimitina, Ibrahim embungeun. Tapi Yéhuwa ngomong, ’Turutkeun paménta Sarah. Urang nu ngurus Ismail, sabab mémang Ishak nu Urang maksud dina perjangjian téa.’

”Ku karana percaya, Ibrahim jadi kagungan putra, sanajan geus kacida sepuhna tur Sarah gabug. Anjeunna percaya Allah bakal ngalaksanakeun jangji-Na.”​—Ibrani 11:11