Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 10

Inget Pamajikan Elut!

Inget Pamajikan Elut!

Ibrahim tinggal di tanah Kanaan jeung alona, Elut. Lila-lila, sato maranéhna beuki ngalobaan. Wilayahna teu mahi deui. Jadi, Ibrahim ngomong ka Elut, ’Mending urang misah. Pék pilih. Mun hidep ngénca, Emang ngatuhu, mun hidep ngatuhu, Emang ngénca.’ Ibrahim teu mentingkeun diri sorangan.

Elut ningali hiji tempat éndah di deukeut kota Sadumu. Di ditu, caina loba jeung tanahna subur. Jadi, Elut milih éta tempat, bral manéhna pindah ka ditu jeung kulawargana.

Jalma-jalma di Sadumu téh jahat pisan. Kitu ogé di Gomora, kota di deukeutna. Jadi, Yéhuwa rék ngabasmi kota-kota éta. Tapi, Allah hayang nyalametkeun Elut jeung kulawargana. Allah ngirim dua malaikat jang ngingetan maranéhna, ’Gancang ka luar kota! Yéhuwa bakal ngabasmi ieu kota!’

Tapi, Elut boyot pisan. Manéhna teu buru-buru indit. Jadi, malaikat-malaikat ngabetot leungeun Elut, pamajikanana, sarta dua budak awéwéna kaluar ti éta kota, terus ngomong, ’Gancang lumpat! Ulah ngalieuk ka tukang! Mun ngalieuk, manéh bakal paéh!’

Waktu maranéhna geus nepi di kota Soar, Yéhuwa nurunkeun hujan seuneu jeung walirang ka kota Sadumu jeung Gomora. Dua kota éta ancur lebur, béak euweuh sésa. Tapi hanjakal, pamajikan Elut teu nurut ka Yéhuwa. Manéhna ngalieuk ka tukang, jleg jadi tihang uyah! Elut jeung barudakna mah salamet sabab nurut ka Yéhuwa. Pasti maranéhna sedih sabab pamajikan Elut teu nurut. Jadi, nurut ka Yéhuwa téh penting pisan.

”Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut!”​—Lukas 17:32