Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 12

Yakub Meunang Warisan

Yakub Meunang Warisan

Ishak umur 40 taun pas nikah jeung Rabéka. Ishak nyaah pisan ka Rabéka. Maranéhna boga dua anak lalaki kembar.

Nu cikal ngaranna Ésau, nu bungsu Yakub. Ésau resepna di luar imah, manéhna jago moro sasatoan. Yakub mah resepna di imah.

Di jaman éta, budak cikal bisa meunang tanah jeung duit nu panglobana lamun bapana paéh. Éta téh disebut warisan. Di kulawarga Ishak, perjangjian Yéhuwa ka Ibrahim ogé kaasup dina warisan. Tapi, Ésau teu ngahargaan éta perjangjian, ari Yakub mah nyaho éta téh penting pisan.

Hiji poé sanggeus moro sato sapoéeun, Ésau ngarasa capé. Pas balik ka imah, pék téh Yakub keur masak. Seungitna mani ngahiliwir. Ceuk Ésau, ’Urang lapar pisan euy! Cik ménta éta nu beureum-beureum!’ Ceuk Yakub, ’Sok, tapi jangji heula, tukeur ku warisan Akang.’ Ésau ngomong, ’Kop wé jang manéh. Urang teu butuh. Nu penting mah ayeuna dahar.’ Ceuk hidep, Ésau bijaksana teu?Henteu. Ésau nukeurkeun hal nu istiméwa demi samangkok bubur kacang beureum.

Pas Ishak geus kolot, geus waktuna ngaberkahan budak nu panggedéna. Tapi, Rabéka ngabantu supaya Yakub, si bungsu, nu diberkahan. Pas nyaho, Ésau ambek pisan nepi ka hayang maéhan adina. Tapi, Ishak jeung Rabéka hayang nyalindungan Yakub. Maranéhna nitah Yakub, ’Jung kabur ka dulur Ibu nu ngaranna Laban. Cicing heula di dinya nepi si Akang teu ambek deui.’ Yakub nurut ka kolotna, terus buru-buru indit supaya salamét.

”Naha aya untungna meunangkeun saalam dunya tapi nyawana cilaka? Sama sakali teu aya! Taya naon-naon anu bisa dipake meunangkeun deui nyawana.”​—Markus 8:36, 37