Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 13

Yakub Akur Deui jeung Ésau

Yakub Akur Deui jeung Ésau

Yéhuwa jangji bakal nyalindungan Yakub saperti ka Ibrahim jeung Ishak. Yakub tinggal di Haran, terus nikah, boga kulawarga gedé, jeung beunghar pisan.

Hiji poé, Yéhuwa nitah Yakub, ’Geura balik ka tanah karuhun manéh.’ Jadi, Yakub jeung kulawargana balik ka lemah caina nu jauh. Di tengah jalan, sababaraha utusan nu dikirim Yakub ngomong, ’Ésau keur ka dieu bari mawa 400 balad!’ Yakub sieun lamun Ésau nyilakakeun manéhna jeung kulawargana. Yakub ngadoa, ’Nun Yéhuwa, salametkeun abdi ti lanceuk abdi.’ Isukanana, Yakub ngirim loba hadiah keur Ésau, nyaéta domba, embé, sapi, onta, jeung kaldé nu loba pisan.

Peutingna pas keur sorangan, Yakub ningali malaikat! Terus, manéhna gelut jeung éta malaikat. Gelutna nepi ka isuk. Sanajan awakna geus nyareri, Yakub teu nyerah. Éta malaikat ngomong, ’Leupaskeun!’ Tapi, Yakub ngomong, ’Moal dileupaskeun nepi ka Juragan ngaberkahan abdi.’

Ahirna, éta malaikat ngaberkahan Yakub. Yakub jadi yakin yén Yéhuwa moal ngidinan Ésau nyilakakeun manéhna.

Isuk éta ogé, ti kajauhan Ésau jeung 400 baladna geus katingali. Yakub maju pangheulana nyampeurkeun Ésau, terus sujud nepi ka tujuh kali. Ésau lumpat, gabrug ngarangkul Yakub. Duanana ceurik, terus akur deui. Ceuk hidep, kumaha parasaan Yéhuwa ningali cara Yakub ngaréngsékeun masalahna?

Ésau balik ka imahna, ari Yakub neruskeun perjalanan. Anak lalaki Yakub téh aya 12, ngaranna Rubin, Siméon, Léwi, Yuda, Dan, Naptali, Gad, Asér, Isaskar, Sébulun, Yusup, jeung Binyamin. Yusup digunakeun ku Yéhuwa pikeun nyalametkeun umat-Na. Hidep apal, kumaha carana? Hayu urang bahas.

”Ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun, supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga.”​—Mateus 5:44, 45