Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 14

Budak Beulian nu Nurut ka Allah

Budak Beulian nu Nurut ka Allah

Yusup téh salah sahiji anak Yakub nu pangorana. Dulur-dulurna nyaho bapana paling nyaah ka Yusup. Ceuk hidep, kumaha parasaan maranéhna? Maranéhna sirik jeung ngéwa ka Yusup. Basa ngimpi hal-hal anéh, Yusup osok nyarita ka dulur-dulurna. Harti impian-impianana nyaéta dulur-dulurna bakal sujud ka Yusup. Beuki wé maranéhna ngéwa!

Hiji poé, dulur-dulur Yusup keur ngurus domba di dekeut kota Sékem. Yakub nitah Yusup ngalongok maranéhna. Ti kajauhan, maranéhna ningali Yusup, terus ngomong, ’Tah si tukang ngimpi! Hayu urang paéhan!’ Yusup ditéwak jeung diasupkeun ka jero sumur. Tapi, hiji dulur nu ngaranna Yuda ngomong, ’Si Yusup ulah dipaéhan, mending dijual wé jadi budak beulian.’ Jadi, Yusup dijual saharga 20 geblég pérak ka sudagar-sudagar Midian nu rék ka Mesir.

Terus, mantel Yusup dicelupkeun kana getih embé. Sanggeus kitu, maranéhna ngirim éta mantel ka bapana, terus nanya, ’Ieu téh baju putra Bapa lain?’ Yakub mikir Yusup téh geus maot dihakan ku sato galak. Yakub mani nalangsa pisan. Teu aya nu bisa ngahibur manéhna.

Di Mesir, Yusup dijual ka saurang pajabat istana nu ngaranna Potipar. Tapi, Yéhuwa terus nyalindungan Yusup. Potipar ningali Yusup téh gawéna alus sarta bisa dipercaya. Jadi, Yusup diangkat sabagé pangurus harta bandana.

Pamajikan Potipar ningali Yusup téh kasép tur tegep awakna. Manéhna teterusan ngajak Yusup jinah. Naha Yusup daék? Yusup nolak bari ngomong, ’Embung! Ieu téh salah. Juragan geus percaya ka abdi. Juragan istri téh pamajikanana. Lamun abdi ngalakukeun ieu, éta téh dosa ka Allah!’

Hiji poé, pamajikan Potipar maksa Yusup jinah jeung manéhna. Gep manéhna narik baju Yusup, tapi Yusup buru-buru kabur. Waktu Potipar balik, pamajikanana ngomong yén Yusup maksa jinah. Manéhna ngabohong! Potipar ambek pisan, terus Yusup dijebloskeun ka panjara. Tapi, Yéhuwa terus merhatikeun Yusup.

”Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.”​—1 Petrus 5:6