Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 15

Yéhuwa Teu Ninggalkeun Yusup

Yéhuwa Teu Ninggalkeun Yusup

Waktu Yusup aya di panjara, Piraon atawa raja Mesir ngimpi anéh. Tapi, euweuh nu bisa ngahartikeunana. Saurang palayan méré nyaho yén Yusup bisa ngahartikeun impian-impian éta. Piraon langsung manggil Yusup.

Piraon nanya, ’Manéh bisa ngahartikeun impian urang?’ Yusup ngajelaskeun, ’Mesir bakal makmur salila tujuh taun, terus paceklik salila tujuh taun. Raja kudu milih hiji jalma nu bijaksana jang ngatur bahan pangan supaya rahayat teu kalaparan.’ Ceuk Piraon, ’Nya, manéh wé! Salian urang, euweuh nu leuwih luhur ti manéh di Mesir!’ Ku naon Yusup bisa ngahartikeun impian Piraon? Sabab Yéhuwa mantuan Yusup.

Salila tujuh taun, Yusup ngumpulkeun kadaharan. Terus, omongan Yusup kabukti. Paceklik narajang sakuliah bumi. Jalma-jalma ti kabéh tempat daratang rék meuli dahareun ti Yusup. Yakub, bapana Yusup, ogé ngadéngé di Mesir loba kadaharan. Jadi, Yakub nitah sapuluh barudakna indit meuli kadaharan.

Pas barudak Yakub datang, Yusup langsung eungeuh maranéhna téh lanceuk-lanceukna. Tapi, maranéhna teu nyahoeun éta téh Yusup. Maranéhna sujud ka Yusup, saperti impian Yusup pas ngora. Yusup hayang nyaho lanceuk-lanceukna ngéwa kénéh teu ka manéhna. Ceuk Yusup, ’Maranéh pasti mata-mata, rék ngintip kalemahan nagara urang.’ Maranéhna ngajawab, ’Lain, Juragan. Abdi sadaya 12 padudulur ti Kanaan. Nu hiji geus maot, nu bungsu keur jeung bapa.’ Terus Yusup ngomong, ’Bawa nu bungsu ka dieu, kakara urang percaya.’ Terus, maranéhna balik ka bapana.

Pas kadaharanana geus béak deui, Yakub nitah barudakna indit deui ka Mesir. Ayeuna Binyamin, si bungsu, dibawa. Yusup nguji maranéhna ku cara ngasupkeun cangkir pérak ka karung Binyamin, terus nuding maranéhna maok. Pas palayan Yusup manggihan cangkirna, maranéhna reuwas. Bruk maranéhna sujud ka Yusup supaya lain Binyamin nu dihukum, tapi maranéhna wé nu dihukum.

Ayeuna, Yusup nyaho lanceuk-lanceukna geus barobah. Lantaran teu tahan deui, Yusup ceurik, ’Urang téh Yusup, dulur maranéh. Bapa kumaha, masih hirup?’ Maranéhna ngoréjat. Terus, Yusup ngomong, ’Ulah nyalahkeun diri sorangan pédah kajadian baréto. Allah ngutus urang ka dieu supaya maranéh salamet. Ayeuna geura balik, bawa Bapa ka dieu.’

Maranéhna balik, nyaritakeun éta kajadian ka bapana, terus mawa bapana ka Mesir. Ahirna sanggeus mangtaun-taun, Yusup kumpul deui jeung bapana.

”Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.”​—Mateus 6:15