Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 17

Musa Milih Nyembah Yéhuwa

Musa Milih Nyembah Yéhuwa

Di Mesir, kulawarga Yakub dikenal sabagé bangsa Israil. Sanggeus Yakub jeung Yusup maot, Piraon nu anyar maréntah. Piraon sieun mun bangsa Israil leuwih loba jeung kuat ti batan bangsa Mesir. Jadi, bangsa Israil diperbudak, dipaksa nyarieunan bata jeung digawé beurat di kebon. Tapi beuki ditindes, bangsa Israil kalah ka beuki ngalobaan. Piraon jadi keuheul. Piraon nitah supaya kabéh orok lalaki Israil nu kakara borojol, dipaéhan. Hidep bisa ngabayangkeun sakumaha sieunna bangsa Israil?

Yokébéd, awéwé Israil, boga orok lalaki nu kasép. Supaya orokna salamet, manéhna ngasupkeun éta orok kana karanjang, terus disumputkeun di antara jujukutan nu jangkung di Walungan Nil. Miryam, ceuceuna si orok, nyumput di deukeutna pikeun ningalikeun manéhna.

Waktu putri raja rék ibak di walungan, ret manéhna ningali éta karanjang. Di jerona aya orok keur ceurik, manéhna jadi karunyaeun. Jol Miryam datang, terus nanya, ’Kumaha mun ku abdi ditéangan awéwé nu bisa nyusuan?’ Putri raja satujueun. Jadi, Miryam mawa Yokébéd. Terus putri raja ngomong, ’Bawa ieu orok, pangnyusuankeun, engké ku urang digajih.’

Sanggeus rada gedé, budakna dibawa deui ka putri raja. Terus, éta budak dingaranan Musa sarta diasuh ku putri siga anakna sorangan. Musa jadi pangéran, bisa boga naon waé nu dipikahayang. Tapi, Musa teu mopohokeun Yéhuwa. Musa sadar manéhna téh urang Israil, lain urang Mesir. Musa milih nyembah Yéhuwa.

Waktu umur 40, Musa hayang nulungan bangsana. Pas ningali aya urang Mesir neunggeulan urang Israil, habek éta urang Mesir diteunggeulan ku Musa nepi ka paéh. Mayitna disumputkeun dina keusik. Pas Piraon nyaho, manéhna rék maéhan Musa. Tapi, Musa geus kaburu kabur ka tanah Midian. Di ditu, Yéhuwa terus nyalindungan manéhna.

”Ku karana percaya, Musa . . . teu kersaeun disebut putrana putri raja Mesir . . . Musa malah milih hirup sangsara babarengan jeung umat Allah.”​—Ibrani 11:24, 25