Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 18

Hurung Tapi Teu Kahuru

Hurung Tapi Teu Kahuru

Musa hirup di Midian salila 40 taun. Di ditu, manéhna nikah jeung boga anak-anak. Hiji poé pas keur ngajaga domba-domba di deukeut Gunung Sinai, Musa ningali hal nu ajaib. Aya tangkal cucuk nu hurung ku seuneu, tapi teu kahuru! Waktu Musa ngadeukeutan, aya sora ti tangkal cucuk, ’Musa! Ulah deukeut-deukeut. Leupaskeun sendal, sabab anu ditincak ku manéh téh tanah suci.’ Nu ngomongna téh Yéhuwa, liwat hiji malaikat.

Musa ngadégdég, teu wanieun ningali. Sora éta sada deui, ’Urang geus ningali bangsa Israil kacida digencétna ku urang Mesir. Ku Urang rék disalametkeun, rék dibawa ka hiji tanah nu hadé. Manéh nu bakal nungtun umat Urang kaluar ti Mesir.’ Musa reuwas pisan!

Musa nanya, ’Lamun maranéhna nanyakeun saha nu ngutus abdi, kumaha ngajawabna?’ Allah ngajawab, ’Sebutkeun nu ngutusna téh Yéhuwa, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.’ Musa nanya deui, ’Kumaha lamun maranéhna teu ngadéngékeun?’ Yéhuwa masihan bukti yén Mantenna bakal ngabantu Musa. Yéhuwa nitah Musa ngalungkeun iteuk ka taneuh, seug éta iteuk jadi oray! Waktu buntutna ditéwak, seug jadi iteuk deui! Yéhuwa ngomong, ’Lakukeun ieu supaya urang Israil percaya yén manéh diutus ku Urang.’

Musa ngomong, ’Abdi teu pinter ngomong.’ Yéhuwa jangji, ’Urang bakal méré nyaho naon nu kudu diomongkeun. Urang gé ngutus dulur manéh, Harun, jang ngabantu.’ Ku sabab yakin yén Yéhuwa bakal ngabantu, bral Musa indit ka Mesir mawa pamajikan jeung barudakna.

”Teu kudu bingung kumaha kudu ngomong atawa kumaha kudu nyarita. Geus dina waktuna mah maraneh bakal dibere nyaho kudu ngomong naon.”—Mateus 10:19