Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 19

Tilu Hukuman Mimiti

Tilu Hukuman Mimiti

Bangsa Israil terus diperbudak. Jadi, Yéhuwa ngutus Musa jeung Harun nepikeun pesen ka Piraon, ’Idinan umat Urang indit pikeun ibadah di gurun keusik.’ Piraon ku adigungna ngajawab, ’Urang teu paduli naon ceuk Yéhuwa. Urang Israil teu meunang indit!’ Urang Israil kalah ka dipaksa gawé leuwih beurat deui. Jadi, Yéhuwa méré palajaran ka Piraon. Hidep apal kumaha carana? Yéhuwa ngadatangkeun Sapuluh Hukuman ka Mesir. Yéhuwa ngomong ka Musa, ’Piraon teu daék ngadéngékeun. Isukan isuk-isuk, Piraon bakal mandi di Walungan Nil. Datangan jeung béjaan, cai Walungan Nil bakal robah jadi getih sabab urang Israil teu diidinan indit.’ Musa nurut sarta ngadatangan Piraon. Di ditu, Harun ngagebug cai walungan ku iteukna Musa, seug caina robah jadi getih! Walungan Nil jadi bau, laukna paraéh, sarta caina teu bisa diinum. Tapi, Piraon tetep teu ngidinan bangsa Israil indit.

Tujuh poé sanggeusna, Yéhuwa ngutus Musa pikeun nepikeun pesen deui, ’Lamun manéh tetep teu ngidinan, Mesir bakal pinuh ku bangkong.’ Piraon keukeuh. Harun ngacungkeun iteuk, breg Mesir pinuh ku bangkong. Bangkong aya di mana-mana! Aya di imah, di kasur, sarta di mangkok-mangkok. Piraon nitah Musa ménta supaya Yéhuwa ngeureunkeun hukuman ieu. Piraon jangji bakal ngidinan bangsa Israil indit. Jadi, éta hukuman dieureunkeun. Bangké-bangké bangkong dikumpulkeun ku urang Mesir nepi ka manggunung-gunung lobana. Bauna mani nyambuang ka mana-mana. Tapi, Piraon teu jadi ngidinan urang Israil indit.

Yéhuwa ngomong deui ka Musa, ’Titah Harun neunggeulkeun iteuk kana taneuh ngebul, kekebulna bakal jadi rambetuk.’ Breg rambetuk aya di mana-mana. Mantri-mantri Piraon ngomong, ’Ieu hukuman pasti ti Allah.’ Tapi, Piraon tetep teu ngidinan urang Israil indit.

”Bangsa-bangsa ku Kami rek diebrehan kakawasaan jeung kakuatan Kami; sina nyaraho yen Kami teh [Yéhuwa].”​—Yermia 16:21