Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 22

Mujijat di Laut Beureum

Mujijat di Laut Beureum

Waktu ngadéngé urang Israil geus budal ti Mesir, Piraon ngarasa kaduhung bet ngantep urang Israil indit. Manéhna ngomong ka pasukanana, ’Siapkeun karéta perang, urang udag maranéhna! Kuduna maranéhna teu diantep indit.’ Piraon jeung pasukanana buru-buru ngudag.

Yéhuwa nungtun umat-Na maké méga keur beurang jeung seuneu keur peuting. Urang Israil ditungtun ka Laut Beureum, terus dititah masang kémah.

Urang Israil ningali Piraon jeung pasukanana ngudag maranéhna. Urang Israil kadempét. Di hareup aya laut, di tukang aya pasukan Mesir. Maranéhna ngagorowok ka Musa, ’Urang pasti maot! Kuduna keun baé urang diantep di Mesir.’ Tapi ceuk Musa, ’Tong sieun. Tingalikeun kumaha Yéhuwa nyalametkeun urang.’ Musa bener-bener percaya ka Yéhuwa!

Yéhuwa nitah maranéhna ngabongkar kémah. Peutingna, Yéhuwa mindahkeun méga ka tengah-tengah urang Israil jeung pasukan Mesir. Di beulah pasukan Mesir mani poék, tapi di beulah urang Israil mah caang.

Yéhuwa nitah Musa ngangkat leungeunna ka laut. Terus, Yéhuwa ngadatangkeun angin gelebug sapeupeuting. Éta laut beulah dua. Cai ngadingding di kénca jeung katuhu, tengah-tengahna garing. Jutaan urang Israil bisa mareuntas.

Pasukan Piraon ngudag urang Israil nepi ka tengah laut. Seug, Yéhuwa ngacowkeun maranéhna. Roda-roda karétana dicaroplokkan. Pasukan Mesir ngagorowok, ’Gancang urang kaluar! Yéhuwa nu keur perang demi Israil!’

Yéhuwa nitah Musa, ’Ulurkeun deui leungeun manéh ka laut.’ Breg dingding cai ngalingkup pasukan Mesir. Piraon jeung pasukanana paraéh. Teu aya nu salamet hiji-hiji acan.

Di sisi laut, gorombolan jalma muji sukur ka Yéhuwa ku nyanyian, ’Puji Yéhuwa nu geus unggul! Kuda jeung nu tarumpakna dilelepkeun di laut.’ Waktu jalma-jalma nyaranyi, awéwé-awéwé ngarigel bari narabeuh genjring. Kabéh jalma gumbira sabab geus bener-bener bébas!

”Ku sabab kitu urang werat ngucap kieu, ’Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?’”—Ibrani 13:6