Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 23

Jangji ka Yéhuwa

Jangji ka Yéhuwa

Kira-kira dua bulan sanggeus kaluar ti Mesir, bangsa Israil nepi di Gunung Sinai, terus marasang kémah. Musa naék ka luhur. Yéhuwa ngomong ka Musa, ’Urang geus nyalametkeun Israil. Lamun nurut kana paréntah Urang, bangsa Israil bakal jadi bangsa nu istiméwa.’ Musa turun jeung nepikeun nu diomongkeun ku Yéhuwa. Naon jawaban maranéhna? Jawabna, ’Sagala paréntah Yéhuwa bakal dijalankeun.’

Musa naék deui ka gunung. Yéhuwa ngomong, ’Tilu poé deui, Urang datang, rék ngomong. Omat-omatkeun ulah aya nu naék ka luhur.’ Musa turun sarta nitah bangsa Israil siap-siap ngadéngékeun Yéhuwa.

Poé katilu, aya kilat ngajorélat sarta méga nu kandel ngageblég. Terus, aya sora guntur ngageleger jeung sora tarompét tarik pisan. Di luhureun gunung, Yéhuwa datang dina seuneu hurung. Urang Israil ngagaleter sarieuneun. Éta gunung oyag mani hébat sarta kabulen ku haseup. Sora tarompétna beuki tarik. Terus Allah ngomong, ’Urang téh Yéhuwa. Ulah nyembah aallahan séjén.’

Musa naék deui ka gunung. Terus, Yéhuwa masihan hukum-hukum ngeunaan ibadah ka Mantenna sarta kumaha sakuduna kalakuan maranéhna. Musa nuliskeun hukum-hukum éta. Sanggeus éta hukum dibacakeun, bangsa Israil ngomong, ’Sagala paréntah Yéhuwa bakal dilaksanakeun.’ Ieu téh jangji maranéhna ka Allah. Ceuk hidep, éta jangji bakal dicumponan teu?

”Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.”​—Mateus 22:37