Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 26

Dua Belas Mata-Mata

Dua Belas Mata-Mata

Bangsa Israil ninggalkeun Gunung Sinai, terus indit ka Kadés liwat Gurun Paran. Di Kadés, Yéhuwa nitah Musa, ’Utus 12 lalaki, hiji ti unggal kaom. Titah ngintip Kanaan, tanah nu dijangjikeun keur urang Israil.’ Jadi, Musa milih 12 lalaki sarta nitah, ’Jig indit ka Kanaan. Pariksa tanahna, subur atawa henteu. Intip sakumaha kuat jalma-jalmana, caricingna di désa atawa di kota.’ Bral 12 mata-mata indit ka Kanaan, kaasup Yosua jeung Kaléb.

Sanggeus 40 poé, mata-mata baralik deui bari mawa buah kondang, dalima, jeung anggur. Maranéhna ngalaporkeun, ’Tanahna hadé, tapi jalma-jalmana kacida kuatna, témbok sakurilingna ogé galedé.’ Tapi Kaléb ngomong, ’Urang bisa nalukkeun! Hayu rebut!’ Ceuk hidep, ku naon Kaléb bisa ngomong kitu? Sabab Kaléb jeung Yosua téh percaya ka Yéhuwa. Tapi, sapuluh mata-mata nu séjén ngomong, ’Jalma-jalmana jarangkung gedé siga raksasa! Urang mah mani asa sagedé simeut.’

Bangsa Israil jadi sarieuneun. Maranéhna kukulutus, ’Hayu pilih pamingpin séjén, sina mawa urang balik ka Mesir! Jang naon indit ka ditu tapi paéh?’ Yosua jeung Kaléb ngomong, ’Ulah ngalawan Yéhuwa. Ulah sieun, Yéhuwa bakal nyalindungan urang.’ Tapi, bangsa Israil teu ngadéngékeun. Maranéhna kalah ka hayang maéhan Yosua jeung Kaléb!

Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa? Mantenna ngomong ka Musa, ’Geus sakitu lobana Urang nulungan Israil, tapi maranéhna tetep teu nurut. Maranéhna bakal ngumbara di tanah gurun salila 40 taun nepi ka tinggolépak maraot. Ngan turunan maranéhna, Yosua, jeung Kaléb nu bakal asup ka tanah nu dijangjikeun.’

”Ku naon sarieun? Ku naon kurang percaya ka Kami?”​—Mateus 8:26