Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 27

Maranéhna Barontak ka Yéhuwa

Maranéhna Barontak ka Yéhuwa

Hiji poé pas bangsa Israil keur di gurun, Korah, Datan, Abiram, jeung 250 baladna barontak ka Musa. Maranéhna ngomong, ’Manéh geus kaleuleuwihi! Ku naon kudu manéh nu jadi pamingpin sarta Harun nu jadi imam agung? Nu disarengan ku Yéhuwa téh urang kabéh, lain manéh jeung Harun wungkul.’ Ningali hal éta, Yéhuwa ambek. Ieu téh sarua jeung barontak ka Mantenna!

Musa ngomong ka Korah jeung baladna, ’Isukan datang ka tabernakel, bawa dupa jeung wadah paranti ngadurukna. Engké tingali, saha nu dipilih ku Yéhuwa.’

Isukanana, Korah jeung 250 lalaki ngadatangan Musa di tabernakel. Maranéhna ngaduruk dupa siga nu dilakukeun ku imam. Yéhuwa nitah Musa jeung Harun, ’Nyingkir ti Korah jeung balad-baladna!’

Korah ngadatangan Musa di tabernakel. Tapi Datan, Abiram, jeung kulawargana mah teu milu indit. Yéhuwa nitah bangsa Israil nyalingkir ti kémah Korah, Datan, jeung Abiram. Urang Israil langsung nyalingkir. Datan, Abiram jeung kulawargana narangtung di hareupeun kémah. Ujug-ujug, bray taneuh beulah, ngalegleg maranéhna hirup-hirup! Di tabernakel, gur aya seuneu ti Yéhuwa ngaduruk Korah jeung 250 baladna!

Yéhuwa nitah Musa, ’Kumpulkeun dua belas iteuk, hiji ti unggal pamingpin kaom. Tuliskeun ngaran masing-masing dina iteukna. Tapi, dina iteukna urang Léwi tuliskeun ngaran Harun. Terus, bawa kabéh iteuk ka tabernakel. Jalma nu Urang pilih, dina iteukna bakal aya kembang.’

Isukanana, Musa mawa kabéh iteuk jeung nunjukkeun saha pamingpin nu dipilih ku Yéhuwa. Iteuk Harun kembangan, malah buahan kanari nu geus asak. Yéhuwa negeskeun yén Mantenna milih Harun nu jadi imam agung.

”Ka nu jaradi pamingpin kudu narurut, jalankeun sagala aturanana.”​—Ibrani 13:17