Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 29

Yéhuwa Milih Yosua

Yéhuwa Milih Yosua

Sanggeus mangtaun-taun mingpin bangsa Israil, ayeuna Musa téréh maot. Yéhuwa ngomong ka Musa, ’Manéh moal mawa bangsa Israil asup ka Tanah Perjangjian. Tapi éta tanah ku Urang bakal ditingalikeun ka manéh.’ Terus, Musa ménta Yéhuwa milih pamingpin nu anyar. Yéhuwa ngomong, ’Béjaan Yosua, manéhna dipilih jang ngagantikeun manéh.’

Terus, Musa ngabéjaan bangsa Israil yén manéhna téréh maot. Musa ogé ngomong yén Yéhuwa geus milih Yosua pikeun mingpin maranéhna ka Tanah Perjangjian. Terus, Musa ngomong ka Yosua, ’Ulah sieun. Yéhuwa bakal ngabantu manéh.’ Sanggeus kitu, Musa naék ka puncak Gunung Nébo. Di ditu, Musa ningali tanah nu dijangjikeun ku Yéhuwa ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Ahirna, Musa maot dina umur 120 taun.

Yéhuwa nitah Yosua, ’Peuntasan Walungan Yordan, indit ka Kanaan. Urang bakal ngabantu manéh saperti ka Musa. Baca kitab Hukum unggal poé. Ulah sieun, sing wani. Geura indit, jalankeun paréntah Urang.’

Yosua ngutus dua mata-mata pikeun ngintip kota Yériho. Dina palajaran saterusna, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan kajadian di Yériho. Pas dua mata-mata balik, maranéhna ngomong yén waktuna geus cocog jang asup ka Kanaan. Isukanana, Yosua nitah bangsa Israil ngabongkar kémah. Terus, imam-imam nu ngagotong peti perjangjian diutus indit ti heula ka Walungan Yordan. Ari pék téh walungan keur banjir. Tapi pas suku imam-imam asup ka cai, jep walungan mendet, caina saat! Imam-imam leumpang ka tengah walungan, terus nangtung nepi ka kabéh bangsa Israil meuntas. Ceuk hidep, bangsa Israil jadi inget deui teu kana mujijat di Laut Beureum?

Ahirna, sanggeus mangtaun-taun bangsa Israil nepi di Tanah Perjangjian. Maranéhna bisa ngawangun imah jeung kota. Maranéhna ogé bisa marelakan lahan-lahan, kebon anggur, jeung kebon-kebon buah. Saking lobana kadaharan, tempat éta disebut tanah nu pinuh ku susu jeung madu.

”Ku [Yéhuwa] baris diaping, dicukupan pangabutuh.”​—Yesaya 58:11