Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 31

Yosua jeung Urang Gibon

Yosua jeung Urang Gibon

Carita ngeunaan Yériho geus nyebar ka bangsa-bangsa di Kanaan. Raja-raja Kanaan sakongkol rék ngalawan bangsa Israil. Tapi, urang Gibon boga rencana séjén. Maranéhna datang ka Yosua bari maké baju nu rarawing, pokna, ’Abdi sadaya ti nagri nu jauh. Abdi ngadangu ngeunaan Yéhuwa sarta kumaha Yéhuwa nyalindungan Juragan di Mesir jeung Moab. Abdi hoyong nyieun perjangjian, Juragan ulah nyerang abdi, engké abdi jadi palayan Juragan.’

Yosua percayaeun sarta satuju teu nyerang maranéhna. Tapi sanggeus tilu poé, kanyahoan ari pék téh maranéhna lain ti nagri nu jauh, tapi ti Kanaan kénéh. Yosua nanya ka maranéhna, ’Ku naon manéh ngabobodo urang?’ Ceuk maranéhna, ’Abdi téh sieun. Abdi apal Yéhuwa bakal perang demi Juragan. Tulungan, abdi sadaya ulah dipaéhan.’ Yosua nyumponan jangjina, maranéhna teu dipaéhan.

Teu lila, lima raja Kanaan jeung pasukanana ngancam urang Gibon. Demi nyalametkeun urang Gibon, Yosua jeung baladna terus maju sapeupeuting. Der ti isuk kénéh geus perang. Urang Kanaan ngabecir kalalabur. Terus, Yéhuwa nurunkeun hujan és nu baradag sina ninggangan maranéhna. Yosua ogé ménta ka Yéhuwa supaya panonpoé teu surup-surup. Ku naon Yosua ménta hal nu mustahil ieu ka Yéhuwa? Sabab Yosua percaya ka Yéhuwa. Bray panonpoé terus moncorong nepi ka raja-raja Kanaan jeung pasukanana éléh.

”Kuduna teh: lamun enya sebut enya; lamun henteu sebut henteu. Leuwih ti kitu mah, eta teh, karepna si Jahat.” —Mateus 5:37, Sunda Formal