Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 33

Rut jeung Naomi

Rut jeung Naomi

Waktu aya kalaparan di Israil, awéwé Israil nu ngaranna Naomi ngungsi ka Moab bareng salaki sarta dua anak lalakina. Sanggeus kitu, salakina maot. Anak-anakna nikah jeung urang Moab, Rut jeung Orpa. Tapi teu lila, anak-anakna ogé maot.

Waktu ngadéngé kalaparan di Israil geus anggeus, Naomi mutuskeun rék balik. Rut jeung Orpa gé milu. Di jalan Naomi ngomong, ’Maranéh téh pamajikan jeung mantu nu bageur. Sok baroga salaki deui. Jug, balik ka Moab.’ Ceuk maranéhna, ’Abdi téh nyaah ka Ema, embung pisah jeung Ema.’ Tapi, Naomi keukeuh nitah maranéhna balik. Ahirna Orpa balik, tapi Rut mah henteu. Ceuk Naomi ka Rut, ’Orpa geus balik ka bangsana jeung ka allah-allahna. Nyai gé balik atuh.’ Ceuk Rut, ’Abdi mah embung pisah jeung Ema. Bangsa Ema bakal jadi bangsa abdi, Allah Ema bakal jadi Allah abdi.’ Ceuk hidep, kumaha parasaan Naomi pas ngadéngé éta?

Rut jeung Naomi nepi di Israil pas mimiti usum panén gandum. Hiji poé, Rut indit rék mulungan sésa gandum nu marurag di sawahna Boas. Boas téh anak lalaki Rahab. Boas ngadéngé Rut téh urang Moab nu nyaah pisan ka Naomi. Boas nitah pagawéna nyésakeun leuwih loba gandum, sina dipulungan ku Rut.

Peutingna Naomi nanya ka Rut, ’Mulungan di mana, Nyai?’ Ceuk Rut, ’Di sawah lalaki nu ngaranna Boas.’ Naomi ngomong, ’Boas téh dulurna Bapa kénéh. Enya, mulunganana di ditu baé jeung pagawé awéwéna. Di ditu mah Nyai aman.’

Rut mulungan di sawahna Boas nepi ka usum panén anggeus. Boas ningali Rut téh bageur jeung getol digawé. Di jaman éta, lamun lalaki maot ninggalkeun pamajikan tapi teu boga anak lalaki, dulurna bisa nikah jeung pamajikanana. Jadi Rut ditikah ku Boas, terus boga anak lalaki nu ngaranna Obéd. Obéd téh nu bakal jadi akina Raja Daud. Batur-batur Naomi gé milu gumbira. Ceuk maranéhna, ’Yéhuwa geus masihan Rut, minantu nu sakitu nyaahna ka manéh. Ayeuna, manéh boga incu. Puji Yéhuwa!’

”Loba sobat . . . nu satia leuwih ti dulur sorangan.”​—Siloka 18:24