Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 34

Gidion Ngéléhkeun Urang Midian

Gidion Ngéléhkeun Urang Midian

Israil deui-deui teu satia ka Yéhuwa. Maranéhna nyarembah allah-allah palsu deui. Salila tujuh taun, urang Midian nyokot sasatoan sarta ngaruksak pepelakan urang Israil. Urang Israil nepi ka nyararumput di guha-guha jeung di pagunungan. Maranéhna ménta tulung ka Yéhuwa. Jadi, Yéhuwa ngutus hiji malaikat ka lalaki ngora nu ngaranna Gidion. Malaikat éta ngomong, ’Yéhuwa geus milih manéh sina jadi prajurit nu gagah.’ Ceuk Gidion, ’Kumaha abdi bisa nulungan Israil? Abdi mah lain sasaha.’

Kumaha Gidion bisa yakin yén Yéhuwa milih manéhna? Gidion neundeun bulu domba dina taneuh terus ngomong ka Yéhuwa, ’Lamun isuk-isuk éta bulu baseuh ku ciibun tapi taneuh di sakurilingna garing, abdi yakin Gusti hoyong abdi nulungan Israil.’ Seug isukanana éta bulu baseuh, tapi taneuhna garing! Tapi, ayeuna Gidion ménta supaya isukanana taneuhna nu baseuh, buluna garing. Pék téh éta kajadian! Gidion jadi yakin yén Yéhuwa milih manéhna. Gidion ngumpulkeun prajurit jang nyerang urang Midian.

Yéhuwa ngomong ka Gidion, ’Urang bakal nyieun Israil unggul. Tapi balad manéh téh loba teuing, bisi manéh mikir éta téh lantaran kakuatan sorangan. Béjaan, nu sarieun meunang balik.’ Jadi 22.000 jalma balik, sésana 10.000 jalma. Tapi Yéhuwa ngomong, ’Masih loba teuing. Ayeuna bawa ka cai, titah ngarinum. Nu nginumna bari tetep waspada ka musuh, pisahkeun.’ Ngan 300 jalma nu dipisahkeun. Yéhuwa jangji sanajan maranéhna ngan saeutik, 135.000 pasukan Midian bakal éléh ku maranéhna.

Peutingna, Yéhuwa ngomong ka Gidion, ’Serbu Midian ayeuna!’ Gidion méré tarompét tina tanduk jeung kendi wadah obor ka prajurit-prajuritna. Ceuk Gidion, ’Tingali jeung tiru urang.’ Terus, Gidion niup tarompét, meupeuskeun kendi, ngagupaykeun obor, sarta surak, ’Pedang Yéhuwa jeung Gidion!’ Sakabéh 300 prajuritna nurutan. Urang Midian sarieuneun. Gurubug maranéhna lalumpatan teu paruguh, kalah ka jadi silih paéhan. Sakali deui, Yéhuwa nulungan bangsa Israil ngéléhkeun musuhna.

”Ari kawasa nu maha agung mah Allah nu nyangking, lain sim kuring.”​—2 Korinta 4:7