Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 35

Hana Ngadoa Ménta Anak Lalaki

Hana Ngadoa Ménta Anak Lalaki

Urang Israil nu ngaranna Élkana boga dua pamajikan, Hana jeung Pénina. Tapi, manéhna leuwih nyaah ka Hana. Pénina sok moyokan Hana sabab teu boga anak, ari Pénina mah anakna loba. Unggal taun, Élkana mawa kulawargana ibadah ka tabernakel di Silo. Hiji waktu pas keur di ditu, Élkana ningali Hana sedih pisan. Seug Élkana ngomong, ’Ulah ceurik Hana, pan aya Akang. Akang nyaah pisan ka Hana.’

Sanggeus kitu, Hana indit jeung ngadoa. Bari ceurik kénéh, manéhna ménta tulung ka Yéhuwa. Hana jangji, ’Yéhuwa, mun abdi dipasihan anak lalaki, éta anak badé diiklaskeun sina ngabakti ka Gusti saumur hirupna.’

Imam Agung Éli ningali Hana ceurik sesegrukan, disangkana Hana téh keur mabok. Hana ngomong, ’Henteu Bapa, abdi teu mabok. Abdi sedih pisan, abdi keur nyarita ka Yéhuwa.’ Éli engeuh geus salah, terus ngomong, ’Mugia Allah ngabulkeun doa Nyai.’ Sanggeus haténa plong, Hana indit. Kurang ti sataun sanggeusna, Hana ngalahirkeun orok lalaki nu dingaranan Samuél. Bayangkeun sakumaha bagjana Hana!

Tapi, Hana teu poho kana jangjina ka Yéhuwa. Sanggeus Samuél eureun nyusu, Hana mawa manéhna ka tabernakel. Hana ngomong ka Éli, ’Ieu anak nu harita didoakeun ku abdi. Ayeuna, ku abdi dibaktikeun ka Yéhuwa saumur hirupna.’ Unggal taun Élkana jeung Hana ngalongok jeung méré hiji jubah anyar ka Samuél. Yéhuwa masihan anak deui ka Hana, tilu lalaki dua awéwé.

”Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih.”​—Mateus 7:7