Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 36

Jangji Yépta

Jangji Yépta

Urang Israil teu kapok-kapok ninggalkeun Yéhuwa. Maranéhna nyarembah ka allah-allah palsu deui. Éta aallahan teu bisa nulungan maranéhna waktu urang Amon nyerang. Urang Israil jadi sangsara salila mangtaun-taun. Ahirna, maranéhna ngomong ka Yéhuwa, ’Abdi sadaya geus dosa. Tulung salametkeun abdi ti musuh-musuh.’ Terus maranéhna ngancurkeun brahala-brahala, balik deui nyembah Yéhuwa. Yéhuwa teu tahan ningali maranéhna sangsara.

Hiji prajurit nu ngaranna Yépta dipilih jadi pamingpin jang merangan urang Amon. Yépta ngadoa, ’Upami Gusti ngabantu abdi unggul dina perang, abdi jangji pas balik ka imah, jalma nu mimiti kaluar nepungan abdi bakal dibaktikeun.’ Yéhuwa merhatikeun doana jeung ngabantu manéhna unggul perang.

Pas Yépta balik, nu mimiti kaluar imah téh anak awéwéna, nu ngan hiji-hijina. Anakna ngigel bari nabeuh genjring. Kumaha sikep Yépta? Yépta inget kana jangjina, terus ngomong, ’Aduh anaking, haté Ama kiamat! Ama geus jangji ka Yéhuwa. Ama kudu ngirim Enéng sina ngabakti di tabernakel di Silo.’ Anakna ngomong, ’Ama, mun geus jangji ka Yéhuwa, kudu dicumponan. Tapi, abdi ménta waktu dua bulan pikeun ngumbara ka gunung sareng batur-batur awéwé. Sanggeus kitu, kakara abdi indit.’ Anakna Yépta satia ngabakti di tabernakel saumur hirupna. Unggal taun, batur-baturna ngalongok manéhna di Silo.

”Anu leuwih nyaah ka anakna nu lalaki atawa nu awewe ti batan ka Kami, teu pantes jadi murid Kami.”​—Mateus 10:37