Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 38

Yéhuwa Ngajadikeun Simson Kuat

Yéhuwa Ngajadikeun Simson Kuat

Loba urang Israil nyembah aallahan deui, jadi Yéhuwa ngidinan urang Pelisti ngawasaan wilayah urang Israil. Tapi, masih aya ogé nu satia ka Yéhuwa, contona Manoah. Manoah jeung pamajikanana teu boga anak. Hiji poé, Yéhuwa ngutus malaikat ka pamajikan Manoah. Malaikat éta ngomong, ’Manéh bakal boga budak lalaki. Éta budak bakal ngabébaskeun Israil ti urang Pélisti. Manéhna ogé bakal jadi Nasir.’ Hidep apal naon Nasir téh? Nasir téh jalma nu husus diabdikeun ka Allah. Nasir teu meunang dicukur buukna.

Terus éta budak lahir, dingaranan Simson. Waktu Simson beuki gedé, Yéhuwa ngajadikeun manéhna kuat pisan. Manéhna bisa maéhan singa ku leungeunna wungkul, teu maké nanaon. Manéhna ogé pernah maéhan 30 urang Pélisti ku sorangan. Urang Pélisti jadi ngéwa jeung néangan cara pikeun maéhan Simson. Hiji peuting, Simson mondok di kota Gasa. Urang Pélisti indit ka gapura kota, ngadagoan di ditu, rék maéhan Simson isuk-isukna. Tapi tengah peuting Simson hudang, indit ka gapura, terus nyabut éta gapura ti témbok kota. Éta gapura dipanggul sarta dibawa ka puncak gunung deukeut Hébron.

Sanggeus kitu, urang Pélisti ngomong ka kabogoh Simson nu ngaranna Délila, ’Téangan rasiah Simson, ku naon bisa sakitu kuatna, engké manéh dibéré loba duit. Urang rék néwak jeung ngasupkeun Simson ka panjara.’ Délila satuju sabab hayang duitna. Mimiti, Simson embung méré nyaho rasiahna. Tapi, Délila teterusan ngolo nepi ka ahirna Simson méré nyaho. Ceuk Simson, ’Ieu buuk teu pernah dicukur sabab Akang téh Nasir. Mun dicukur, kakuatan Akang leungit.’ Simson téh salah pisan méré nyaho rasiahna!

Délila langsung méré nyaho urang Pélisti, ’Urang geus nyaho rasiahna!’ Geus kitu, Simson disina saré tibra di lahunan Délila. Délila nitah hiji jalma nyukur buuk Simson. Terus Délila ngagorowok, ’Simson, urang Pélisti daratang!’ Koréjat Simson hudang, tapi tanagana geus leungit. Simson ditéwak ku urang Pélisti, panonna dicokél, terus Simson diasupkeun ka panjara.

Hiji waktu, rébuan urang Pélisti ngarumpul di kuil allahna, Dagon. Maranéhna ngomong, ’Allah urang geus masrahkeun Simson! Bawa Simson ka dieu, jadikeun tongtonan!’ Simson disina nangtung di antara dua pilar, terus dipoyokan. Simson ngomong, ’Nun Yéhuwa, pasihan abdi kakuatan sakali deui baé.’ Harita, buuk Simson geus manjangan deui. Terus, Simson ngadorong pilar-pilar kuil sakuat-kuatna. Brug sakabéh gedong rubuh, ninggangan jalma-jalma nepi ka paraéh. Simson ogé paéh.

”PANGERAN nu maparin daya sareng tanaga.”​—Yesaya 12:2