Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 39

Raja Israil nu Mimiti

Raja Israil nu Mimiti

Yéhuwa masihan hakim-hakim jang mingpin, tapi bangsa Israil kalah ka hayang boga raja. Maranéhna ngomong ka Samuél, ’Abdi sadaya hayang boga raja kawas nagara séjén.’ Samuél nyaho ieu téh salah, jadi manéhna ngadoa ka Yéhuwa. Yéhuwa ngomong ka Samuél, ’Anu ditolak téh lain manéh, tapi Urang. Omatkeun, lamun boga raja, maranéhna kudu méré loba hal ka rajana.’ Sanajan kitu, bangsa Israil ngomong, ’Keun baé, da hayang boga raja!’

Yéhuwa méré nyaho Samuél yén lalaki nu ngaranna Saul bakal jadi raja. Waktu Saul nyampeurkeun Samuél di Ramah, Samuél ngalantik Saul jadi raja ku cara ngaminyakan sirah Saul.

Sanggeus kitu, Samuél manggil bangsa Israil, rék nunjukkeun saha raja maranéhna. Tapi, pas ditéangan téh Saul teu aya. Hidep apal ku naon? Saul keur nyumput di tukangeun barang-barang. Waktu geus kapanggih, Saul dibawa kaluar jeung disina nangtung di tengah jalma réa. Saul leuwih jangkung ti batan nu séjén, geus kitu kasép pisan. Samuél ngomong, ’Ieu nu dipilih ku Yéhuwa.’ Jalma-jalma sarurak, ’Wilujeng Raja!’

Mimitina, Raja Saul nurut ka Samuél jeung ka Yéhuwa. Tapi, Saul barobah. Misalna ngeunaan kurban, raja teu meunang ngaduruk kurban. Dina hiji waktu, Samuél nitah Saul ngadagoan manéhna. Tapi, Samuél teu datang-datang. Jadi, Saul lancang ngaduruk kurbanna sorangan. Kumaha tindakan Samuél? Ceuk Samuél, ’Kuduna manéh téh nurut ka Yéhuwa.’ Naha Saul bakal barobah?

Terus pas merangan urang Amalék, Samuél nitah Saul maéhan kabéh jalma. Tapi, Raja Agag teu dipaéhan ku Saul. Yéhuwa ngabéjaan Samuél, ’Saul henteu nurut, geus ngalanggar paréntah Urang!’ Samuél kacida sedihna, manéhna ngabéjaan Saul, ’Manéh geus teu nurut ka Yéhuwa, jadi Mantenna bakal ngaganti manéh ku raja nu anyar.’ Waktu Samuél rék indit, Saul ngabetot jubah Samuél nepi ka soéh. Terus Samuél ngomong, ’Yéhuwa geus nyoéhkeun karajaan Israil ti manéh.’ Yéhuwa bakal masihan karajaan ieu ka jalma nu daék nurut jeung nyaah ka Mantenna.

”Tumut kana timbalana-Na langkung utami ti batan ngahaturkeun domba anu sae.”​—1 Samuel 15:22