Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 40

Daud jeung Goliat

Daud jeung Goliat

Yéhuwa nitah Samuél, ’Indit ka imah Isai. Salah sahiji anakna bakal jadi raja Israil nu anyar.’ Jadi, Samuél indit. Pas ningali budak nu panggedéna, Samuél mikir, ’Pasti nu ieu.’ Tapi, Yéhuwa ngabéjaan yén lain éta nu dipilih. Yéhuwa ngomong, ’Urang mah teu ningali luarna, tapieusi haténa.’

Isai mawa genep anakna nu séjén. Tapi Samuél ngomong, ’Teu aya nu dipilih ku Yéhuwa. Aya deui nu séjén?’ Isai ngomong, ’Aya Daud si bungsu, keur ngajaga domba.’ Pas Daud datang, Yéhuwa ngomong ka Samuél, ’Tah, nu ieu!’ Terus Samuél ngaminyakan sirah Daud, ngalantik Daud jadi raja Israil nu anyar.

Sanggeus sababaraha waktu, bangsa Israil jeung urang Pélisti pahareup-hareup rék tarung. Urang Pélisti boga kokojo raksasa, ngaranna Goliat. Unggal poé, Goliat moyokan bangsa Israil. Goliat nangtang, ’Sok pilih nu pangjagona, hayu urang tanding! Mun manéh éléh, manéh kabéh jadi palayan urang. Mun manéh meunang, urang kabéh bakal jadi palayan manéh.’

Daud mawakeun bekel ka kémah pasukan Israil keur lanceuk-lanceukna nu jadi prajurit. Sanggeus ngadéngé omongan Goliat, Daud ngomong, ’Urang bakal ngalawan Goliat!’ Raja Saul ngomong, ’Tapi manéh masih budak kénéh.’ Daud ngajawab, ’Yéhuwa bakal nulungan abdi.’

Daud dititah maké baju perang Saul. Tapi Daud ngomong, ’Abdi teu bisa perang maké ieu.’ Daud nyokot bandringna terus indit ka susukan. Daud mulung batu lima siki, diasupkeun kana kantong. Terus, Daud lumpat nyampeurkeun Goliat. Éta raksasa ngagorowok, ’Ka dieu manéh budak leutik! Bangké manéh rék diparabkeun ka manuk jeung sato galak!’ Tapi, Daud teu sieun. Ceuk Daud, ’Manéh datang mawa pedang jeung tumbak, tapi urang mawa nami Yéhuwa. Nu dilawan manéh téh lain urang Israil, tapi Allah! Unggal jalma bakal nyaksian, Yéhuwa leuwih kuat ti batan pedang jeung tumbak. Allah bakal nyerahkeun manéh ka leungeun urang.’

Daud ngabandringkeun batu sakuat-kuatna. Ku bantuan Yéhuwa, beletak éta batu nanceb kana tarang Goliat! Éta raksasa ngajungkel, paéh nyuksruk kana taneuh. Urang Pélisti ngabecir kalalabur. Naha hidep percaya ka Yéhuwa siga Daud?

”Memang, sual eta pikeun jelema mah mustahil, tapi di Allah mah henteu. Allah mah sagala rupa ge iasa.”​—Markus 10:27