Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 41

Daud jeung Saul

Daud jeung Saul

Sanggeus maéhan Goliat, Daud diangkat jadi pamingpin pasukan perang ku Saul. Daud unggul dina loba perang, manéhna jadi kasohor pisan. Unggal balik perang, awéwé-awéwé bakal igel-igelan bari nyanyi, ’Saul maéhan mangrébu-rébu, Daud maéhan puluhan rébu!’ Saul jadi sirik jeung hayang maéhan Daud.

Daud pinter ngacapi. Hiji poé pas Daud keur ngacapi di hareupeun Saul, belesat Saul ngalungkeun tumbakna ka Daud. Daud nyingcet, tumbak Saul nancleb kana témbok. Sanggeus éta, Saul teterusan nyoba maéhan Daud. Jadi, Daud kabur jeung nyumput di gurun.

Saul jeung 3.000 pasukanana teterusan ngudag Daud. Ahirna Saul asup ka hiji guha, tempat Daud jeung baladna nyumput. Babaturan Daud ngaharéwos, ’Ieu kasempetan keur maéhan Saul!’ Daud susulumputan nyampeurkeun Saul, terus ngeureut tungtung jubah Saul sacewir. Saul teu engeuh. Tapi sanggeus kitu, Daud rumasa salah sabab geus teu ngahormat ka raja nu dipilih ku Yéhuwa. Daud ogé ngalarang baladna maéhan Saul. Sanggeus Saul kaluar ti guha, Daud ngomong ka Saul yén sabenerna bisa waé manéhna maéhan Saul. Naha Saul jadi barobah?

Henteu. Saul tetep ngudag-ngudag Daud. Hiji peuting, Daud jeung alona, nyaéta Abisai, susulumputan asup ka kémah Saul. Abnér, pangawalna Saul, keur saré. Abisai ngomong, ’Ieu kasempetan urang. Keun wé abdi nu maéhan.’ Daud ngajawab, ’Saul mah urusan Yéhuwa. Urang cokot tumbak jeung wadah caina wé, terus indit.’

Daud nanjak ka gunung nu deukeut nepi ka manéhna bisa ningali kémah Saul. Manéhna ngagorowok, ’Abnér! Ku naon raja teu dijaga? Cing téangan, di mana tumbak jeung wadah cai raja?’ Saul wawuheun ka sora Daud, manéhna ngomong, ’Manéh bisa waé maéhan urang. Urang nyaho manéh bakal jadi raja Israil nu saterusna.’ Terus, Saul balik ka karatonna. Saul ngéwa ka Daud, tapi teu kabéh kulawargana kitu.

”Sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae. Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah.”​—Rum 12:18, 19