Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 43

Dosa Raja Daud

Dosa Raja Daud

Sanggeus Saul maot, Daud jadi raja dina umur 30 taun. Sanggeus sababaraha taun jadi raja, Daud nyieun kasalahan beurat. Hiji peuting ti loténg karaton, Daud ningali hiji awéwé geulis. Sanggeus tatanya, Daud nyaho ngaranna téh Batséba, pamajikan ti prajurit nu ngaranna Uria. Daud ngondang Batséba ka karaton. Di ditu maranéhna jinah. Batséba jadi ngandung. Daud embung kanyahoan. Jadi, Daud nitah jénderalna nempatkeun Uria di barisan panghareupna dina perang, terus mundur ninggalkeun manéhna ambéh paéh. Sanggeus Uria maot, Daud nikah jeung Batséba.

Tapi, Yéhuwa ningali sagala hal goréng ieu. Naon tindakan Yéhuwa? Yéhuwa ngutus Nabi Natan ka Daud. Ceuk Natan, ’Aya hiji lalaki beunghar nu boga loba sapi jeung domba. Terus aya hiji lalaki miskin, ngan boga hiji anak domba nu dipikanyaah pisan. Si beunghar nyokot hiji-hijina domba si miskin.’ Daud ambek bari ngomong, ’Si beunghar kudu dipaéhan!’ Natan ngomong, ’Éta téh Raja!’ Haté Daud katusuk pisan. Manéhna ngaku ka Natan, ’Abdi geus dosa ka Yéhuwa.’ Balukarna, Daud jeung kulawargana katiban loba masalah. Yéhuwa ngahukum Daud, tapi Daud tetep diidinan hirup sabab geus jujur jeung rendah haté.

Daud hayang ngawangun bait keur Yéhuwa, tapi Yéhuwa milih Suléman, anakna, nu ngawangun. Daud nyiapkeun bahan-bahanna keur Suléman. Manéhna ngomong, ’Bait Allah kudu megah. Tapi Suléman budak kénéh, jadi urang bakal nyiapkeun bahan-bahanna.’ Terus, Daud nyumbangkeun loba duit pikeun ngawangun bait sarta néangan tukang-tukang nu ahli. Daud ogé ngumpulkeun emas jeung pérak, sarta meuli kai kiputri ti Tirus jeung Sidon. Saacan maot, Daud méré Suléman rancangan baitna. Ceuk Daud, ’Yéhuwa nitah Bapa nuliskeun sagala hal ieu keur hidep. Yéhuwa bakal ngabantu hidep. Ulah sieun, sing teger jeung getol digawé.’

”Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna. Lamun ngaku kana dosana sarta tuluy tobat, tangtu ku Allah dipikawelas.” —Siloka 28:13