Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 44

Bait keur Yéhuwa

Bait keur Yéhuwa

Sanggeus Suléman jadi raja Israil, Yéhuwa nanya, ’Manéh hayang naon?’ Ceuk Suléman, ’Abdi ngora kénéh, teu terang kudu kumaha. Pasihan abdi hikmat pikeun ngajaga umat Gusti.’ Yéhuwa ngomong, ’Ku sabab manéh ménta hikmat, manéh bakal dijadikeun jalma nu paling bijkasana di sakuliah bumi. Manéh gé bakal dijieun beunghar. Sarta mun terus nurut, manéh bakal dibéré umur panjang.’

Ayeuna, Suléman ngawangun bait. Manéhna ngawangun maké emas, pérak, kai, jeung batu nu pangalusna. Nu ngawangunna téh rébuan lalaki jeung awéwé nu ahli. Sanggeus tujuh taun, baitna bérés diwangun sarta siap dibaktikeun ka Yéhuwa. Di luhureun altar geus disiapkeun kurban. Suléman sujud di hareupeun altar bari ngadoa, ’Nun Yéhuwa, bait ieu kurang gedé jeung kurang éndah kanggo Gusti mah. Tapi, mugia Gusti narima ibadah jeung doa abdi sadaya.’ Kumaha parasaan Yéhuwa ka bait jeung doa Suléman? Pas bérés ngadoa, gur seuneu ngagedur ti awang-awang, ngaduruk kurban dina altar. Éta téh bukti yén Yéhuwa resep kana éta bait. Urang Israil gé bungah ningali éta.

Hikmat Raja Suléman kamashur di sakuliah Israil nepi ka tempat-tempat nu jauh. Jalma-jalma daratang ménta naséhat supaya masalah maranéhna bérés. Malah, ratu ti Séba gé datang pikeun nguji ku rupa-rupa pananya nu hésé. Waktu ngadéngé jawabanana, ratu ngomong, ’Mimitina mah abdi teu percaya, tapi ayeuna abdi ningali sorangan. Raja leuwih bijaksana ti batan nu dicaritakeun. Yéhuwa, Allahna Raja, ngaberkahan Raja.’ Bangsa Israil ogé hirup tengtrem jeung bagja. Tapi, teu lila kaayaan barobah.

”Tapi ayeuna di dieu aya anu leuwih ti batan Raja Suleman!”​—Mateus 12:42