Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 47

Yéhuwa Nguatkeun Élias

Yéhuwa Nguatkeun Élias

Pas nyaho nabi-nabi Baal dipaéhan, Isebél ngamuk pisan. Manéhna ngirim ancaman ka Élias, ’Isukan manéh bakal paéh siga nabi-nabi Baal!’ Élias sieun pisan, jadi kabur ka gurun. Élias ngadoa, ’Yéhuwa, abdi geus teu kuat. Abdi sina paéh waé.’ Ku sabab capé, reup Élias kasaréan di handapeun tangkal.

Malaikat ngahudangkeun manéhna, ’Geura hudang jeung dahar.’ Élias ningali aya roti sasiki dina batu panas jeung cai sakendi. Roti didahar, cai diinum, reup manéhna saré deui. Malaikat ngahudangkeun deui, ’Geura dahar, perjalanan jauh kénéh.’ Jadi, Élias dahar deui. Sanggeus kitu, Élias leumpang salila 40 poé 40 peuting nepi ka Gunung Sinai. Terus, Élias asup ka jero guha jeung saré. Tapi, Yéhuwa ngomong, ’Élias, keur naon di dieu?’ Ceuk Élias, ’Urang Israil geus ingkar jangji ka Gusti, altar-altar Gusti diruntuhkeun, nabi-nabi Gusti dipaéhan. Abdi ogé rék dipaéhan.’

Yéhuwa ngomong, ’Kaluar, nangtung di puncak gunung.’ Terus, angin gedé ngagelebug, oyag aya lini. Geus kitu, gur seuneu ngagedur. Terus, aya sora sada haréwos. Élias kaluar bari nutupan beungeut ku jubahna, terus nangtung dina sungut guha. Yéhuwa nitah manéhna buru-buru indit. Ceuk Élias, ’Ngan abdi wungkul nu hirup kénéh.’ Tapi Yéhuwa ngomong, ’Manéh teu sorangan. Masih aya 7.000 jalma di Israil nu satia. Indit jeung minyakan Élisa, jadikeun nabi gaganti manéh.’ Élias langsung ngalakukeun paréntah Yéhuwa. Naha hidep percaya yén Yéhuwa bakal ngabantu waktu hidep ngalakukeun paménta-Na? Yéhuwa pasti ngabantu! Hayu urang tingali hiji kajadian pas mangsa kalaparan.

”Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.”​—Pilipi 4:6