Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 48

Anak Saurang Randa Hirup Deui!

Anak Saurang Randa Hirup Deui!

Waktu halodo panjang, Yéhuwa nitah Élias, ’Indit ka Sarpat. Hiji randa bakal méré dahar ka manéh.’ Pas nepi di lawang kota, Élias ningali hiji randa miskin keur ngumpulkeun suluh. Terus, Élias ménta cai nginum. Pas éta randa rék nyokot cai, Élias ngomong, ’Jeung ménta roti saeutik.’ Tapi ceuk randa, ’Abdi teu boga roti keur Bapa. Abdi ngan boga tipung sakeupeul jeung minyak sakeclak keur dahar abdi jeung anak abdi.’ Élias ngomong, ’Yéhuwa jangji, mun Nyai mangnyieunkeun roti keur urang, tipung jeung minyak Nyai moal béak-béak nepi ka hujan turun deui.’

Éta randa balik ka imahna, nyieun roti keur nabi Yéhuwa ieu. Saperti jangji Yéhuwa, éta randa jeung anak lalakina terus boga kadaharan salila halodo panjang. Tipungna teu béak-béak, minyakna teu saat-saat.

Tapi, musibat datang. Anak randa éta gering, beuki payah, ahirna maot. Éta randa ménta tulung ka Élias. Seug Élias nyokot éta budak ti leungeun indungna, dibawa ka kamar di loténg, terus digolérkeun dina kasur. Élias ngadoa, ’Yéhuwa, tulung hirupkeun deui ieu budak.’ Hidep apal ku naon tindakan Yéhuwa téh bakal jadi hal nu luar biasa? Sabab, teu aya jalma maot nu pernah dihirupkeun deui. Pangpangna mah, randa jeung budakna téh lain urang Israil.

Éta budak hirup jeung napas deui! Élias ngomong, ’Nyai, budak téh hirup deui!’ Éta randa atoh pisan jeung ngomong, ’Bapa téh bener-bener utusan Allah. Abdi yakin sabab nu ditepikeun ku Bapa téh ti Yéhuwa jeung pasti laksana.’

”Tenjo manuk gagak, tara pepelakan tara ngumpulkeun parab, teu ngabogaan gudang atawa leuit, ku Allah teu kendat diparaban! Maraneh leuwih hargaan ti batan manuk!”​—Lukas 12:24