Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 49

Si Ratu Jahat Dihukum

Si Ratu Jahat Dihukum

Tina jandéla karatonna di Yisrél, Raja Ahab ningali kebon anggur hiji lalaki nu ngaranna Nabot. Ahab hayang meuli éta kebon ti Nabot. Tapi, Nabot embung ngajual sabab ngajual tanah pusaka téh ngalanggar Hukum Yéhuwa. Naha Ahab ngahargaan Nabot nu geus ngalakukeun hal nu bener ieu? Henteu. Ahab ambek pisan. Manéhna keuheul nepi ka ngajentul baé di jero kamar, embung dahar-dahar acan.

Pamajikan Ahab nu jahat, nyaéta Ratu Isebél, ngomong, ’Pan Akang téh raja Israil. Akang bisa boga naon waé nu dipikahayang. Engké abdi rebut éta kebon.’ Isebél nulis surat ka para sesepuh kota. Maranéhna dititah nuding Nabot yén Nabot geus ngagogoréng Allah, sina dibalédogan ku batu nepi ka paéh. Para sesepuh nurutkeun paménta Isebél. Terus Isebél ngomong ka Ahab, ’Nabot geus paéh. Ayeuna kebon anggurna boga Akang.’

Lain Nabot wungkul nu dipaéhan. Isebél ogé maéhan loba jalma teu salah nu nyaah ka Yéhuwa. Isebél nyembah brahala sarta ngalakukeun nu goréng. Yéhuwa ningali kabéh kajahatan Isebél. Naon tindakan Yéhuwa?

Sanggeus Ahab maot, Yoram, anakna, ogé jadi raja. Yéhuwa ngutus lalaki nu ngaranna Yéhu jang ngahukum Isebél sarta kulawargana.

Yéhu numpak karéta ka Yisrél, ka tempatna Isebél. Yoram numpak karéta jang manggihan Yéhu. Ceuk Yoram, ’Niat manéh hadé teu?’ Yéhu ngajawab, ’Rék hadé kumaha? Indung manéh Isebél ngalakukeun nu jahat kénéh.’ Yoram malik rék kabur. Tapi Yéhu ngaleupaskeun panahna, belesat éta panah nanceb kana tonggong Yoram. Blug Yoram paéh.

Yéhu neruskeun deui perjalanan ka karaton Isebél. Pas ngadéngé éta, Isebél dangdan jeung ngaréka-réka buukna, terus ngadagoan di jandéla loténg karaton. Waktu Yéhu nepi, Isebél ngomong mani kasar pisan. Terus, Yéhu ngagorowok ka palayan-palayan Isebél nu aya di sabeulahna Isebél, ’Dorong éta awéwé!’ Isebél disuntrungkeun tina jandéla, gedebug paéh tinggolépak kana taneuh.

Terus, Yéhu maéhan 70 lalaki turunan Ahab jeung nyingkirkeun pamujaan Baal di éta nagri. Naha hidep merhatikeun yén Yéhuwa ningali sagala hal sarta pasti ngahukum jalma nu ngalakukeun hal goréng?

”Ulah mikahayang imahna, tanahna, . . . atawa naon bae pangaboga batur.”​—Pamindo 5:21