Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 50

Yéhuwa Ngunggulkeun Yosapat

Yéhuwa Ngunggulkeun Yosapat

Raja Yosapat ti Yuda ngancurkeun altar-altar jeung patung-patung Baal di nagrina. Yosapat hayang rahayatna ngarti kana hukum Yéhuwa. Manéhna ngutus para pajabat sarta urang-urang Léwi ka sakuliah Yuda pikeun ngajarkeun hukum Yéhuwa.

Bangsa-bangsa di sakurilingna teu wani merangan Yuda sabab maranéhna nyaho yén Yéhuwa nyalindungan éta bangsa. Malah, maranéhna méré loba hadiah ka Raja Yosapat. Tapi urang Moab, urang Amon, jeung putra-putra ti Séir rék nyerang Yuda. Yosapat sadar manéhna téh butuh bantuan Yéhuwa. Kabéh lalaki, awéwé, jeung barudak dikumpulkeun di Yérusalém. Di hareupeun maranéhna, Yosapat ngadoa, ’Yéhuwa, abdi sadaya bingung kudu kumaha. Ngan Gusti nu bisa nyalametkeun.’

Yéhuwa ngajawab doana, ’Ulah sieun. Urang bakal nulungan. Maranéh daragoan baé bari ngajaranteng. Maranéh bakal diunggulkeun.’ Kumaha Yéhuwa nyalametkeun maranéhna?

Bray isuk, Yosapat milih jalma-jalma tukang nyanyi sina baris di hareupeun pasukan perang. Maranéhna maju ti Yérusalém nepi ka médan perang nu disebut Tékoa.

Pas maranéhna nyanyi muji Yéhuwa ku sora tarik, Yéhuwa merangan musuh umat-Na. Urang Amon jeung urang Moab dikacowkeun. Maranéhna jadi silih nyerang, teu aya nu salamet hiji-hiji acan. Tapi, Yéhuwa nyalindungan urang Yuda, pasukanana, sarta imam-imamna. Éta carita sumebar nepi ka bangsa-bangsa di sakurilingna. Maranéhna jadi nyaho yén Yéhuwa masih ngunggulkeun umat-Na. Kumaha cara Yéhuwa nyalametkeun umat-Na? Loba carana. Tapi, nu pasti mah Mantenna teu gumantung ka manusa.

”Aranjeun henteu kudu turun campuh, daragoan bae bari ngajaranteng. Engke nyata aranjeun tangtu diunggulkeun ku PANGERAN.”​—2 Babad 20:17