Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 51

Panglima Perang jeung Budak Leutik

Panglima Perang jeung Budak Leutik

Di Siria, aya budak awéwé Israil nu leutik kénéh, hirupna jauh ti kulawargana. Manéhna dipisahkeun jeung kulawargana ku pasukan Siria. Ayeuna, manéhna jadi palayan ti pamajikan hiji panglima perang nu ngaranna Naaman. Budak awéwé éta nyembah Yéhuwa sanajan jalma-jalma di sakurilingna henteu.

Naaman boga panyakit kulit nu parah pisan, nyerina teu eureun-eureun. Budak awéwé éta hayang pisan nulungan Naaman. Ceuk manéhna ka pamajikan Naaman, ’Aya saurang nabi Yéhuwa di Israil, ngaranna Élisa. Éta nabi bisa nyageurkeun Bapa.’

Pamajikan Naaman nepikeun omongan budak awéwé éta ka Naaman. Naaman daék ngalakukeun naon waé ambéh cageur. Jadi, manéhna indit ka imah Élisa di Israil. Naaman nyangka manéhna bakal dianggap tamu penting ku Élisa. Tapi lainna manggihan Naaman, Élisa malah ngutus palayanna nepikeun pesen, ’Geura indit jeung mandi tujuh kali di Walungan Yordan. Engké Juragan bakal cageur.’

Naaman kuciwa pisan. Pokna, ’Sugan téh éta nabi nu bakal nyageurkeun urang ku cara ajaib! Éh, urang kalah ka dititah mandi di walungan Israil. Alusan kénéh walungan urang di Siria! Mending di ditu.’ Naaman ambek jeung indit ti imah Élisa.

Tapi, para palayan ngabantu Naaman mikirkeun deui. Ceuk maranéhna, ’Cenah Juragan bakal ngalakukeun naon waé ambéh cageur. Nu dititah ku éta nabi téh gampang pisan. Ku naon teu dicoba heula?’ Naaman ngadéngékeun maranéhna. Manéhna indit ka Walungan Yordan jeung mandi tujuh kali. Pas Naaman kaluar ti cai, kulitna cageur deui! Naaman bungah pisan, terus balik deui ka Élisa ngahaturkeun nuhun. Ceuk Naaman, ’Ayeuna urang nyaho Yéhuwa téh Allah nu bener.’ Ceuk hidep, kumaha parasaan budak awéwé Israil pas Naaman balik jeung geus cageur deui?

”Barudak sareng orok ku Gusti diajar ngucapkeun pamuji anu sampurna.​—Mateus 21:16