Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 52

Kuda jeung Karéta Seuneu Yéhuwa

Kuda jeung Karéta Seuneu Yéhuwa

Bénhadad raja Siria teterusan nyerang Israil. Tapi, raja Israil lolos waé sabab Nabi Élisa ngingetan manéhna unggal rék diserang. Jadi, Bénhadad boga rencana jang nyulik Élisa. Sanggeus nyaho Élisa aya di kota Dotan, manéhna ngirim pasukan perang Siria jang néwak Élisa.

Pasukan Siria datang ka Dotan pas geus peuting. Isukna, palayan Élisa ka luar imah. Pék téh éta kota geus dikepung! Bari geumpeur, manéhna ngomong ka Élisa, ’Aduh Juragan, kumaha ieu?’ Ceuk Élisa, ’Tong sieun! Nu nyarengan urang leuwih loba.’ Harita kénéh, Yéhuwa nyieun palayan Élisa bisa ningali yén gunung-gunung geus dipinuhan ku kuda seuneu jeung karéta seuneu.

Waktu pasukan Siria rék néwak, Élisa ngadoa ménta tulung ka Yéhuwa. Jadi, ku Yéhuwa éta pasukan dijieun bingung, teu nyahoeun keur aya di mana. Élisa ngomong ka éta pasukan, ’Maranéh nyasab, tempatna lain di dieu. Hayu tuturkeun urang ka jalma nu keur ditéangan.’ Maranéhna nuturkeun Élisa nepi ka Samaria, tempatna raja Israil.

Ahirna, pasukan Siria engeuh maranéhna aya di mana. Raja Israil nanya ka Élisa, ’Kumaha, urang basmi baé?’ Naha enya Élisa ngagunakeun kasempetan ieu pikeun ngabales jalma-jalma nu jahat ka manéhna? Henteu! Élisa ngomong, ’Ulah dipaéhan. Sina dalahar, terus sina baralik.’ Jadi raja nyuguhan loba kadaharan, terus maranéhna disina balik.

”Jadi di payuneun Allah teh teger, lantaran yakin Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na.”​—1 Yohanes 5:14