Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 53

Yoyada nu Wani

Yoyada nu Wani

Isebél boga budak awéwé nu sarua jahatna jeung manéhna, ngaranna Atalya. Atalya nikah jeung raja ti Yuda. Pas salakina maot, anak lalakina jadi raja. Pas anakna ogé maot, Atalya ngajadikeun dirina sabagé pangawasa Yuda. Manéhna maéhan kabéh anggota kulawarga raja jeung saha waé nu bisa jadi calon pangawasa, kaasup incu lalakina sorangan. Kabéh jalma sieuneun ka Atalya.

Imam Agung Yoyada jeung pamajikanana, nyaéta Yoséba, nyaho Atalya téh jahat. Maranéhna réla naruhkeun nyawa demi nyumputkeun incu lalaki Atalya nu orok kénéh, nu ngaranna Yoas. Éta orok diasuh di bait.

Pas Yoas umur tujuh taun, Yoyada ngumpulkeun para kapala pangawal jeung urang Léwi. Ceuk manéhna, ’Jagaan bait. Ulah aya nu asup.’ Terus Yoyada ngangkat Yoas sabagé raja Yuda, rap Yoas dimakutaan. Urang Yuda sarurak, ’Wilujeng Raja!’

Surakna nepi kadéngé ku Atalya. Buru-buru manéhna ka bait. Pas ningali raja anyar, manéhna ngagorowok, ”Hianat! Hianat!” Para opsir nyéréd si ratu jahat kaluar, terus éta ratu dipaéhan. Tapi, kumaha jeung pangaruh goréng nu geus disebarkeun ku ratu ka éta bangsa?

Yoyada ngabantu éta bangsa nyieun hiji perjangjian jeung Yéhuwa. Maranéhna jangji bakal nyembah Yéhuwa wungkul. Yoyada nitah maranéhna ngarubuhkeun kuil Baal jeung ngancurkeun arca-arca. Yoyada ogé ngalantik para imam jeung urang Léwi pikeun gawé di bait supaya jalma-jalma bisa ibadah deui di ditu. Para pasukan jaga dititah ngajaga bait pikeun nyegah jalma najis asup. Terus, Yoyada jeung para kapala pangawal mawa Yoas ka karaton, Yoas disina diuk dina singgasanana. Urang Yuda mani gumbira. Maranéhna bisa nyembah Yéhuwa deui, bébas ti Atalya nu jahat sarta ti pamujaan Baal. Naha hidep ningali yén tindakan Yoyada nu wani geus ngabantu loba jalma?

”Jelema ngan bisaeun ngabinasa badan, teu bisaeun maehan nyawa, teu kudu dipikasieun. Anggur kudu sieun ku Allah, anu kawasa ngabinasakeun badan jeung nyawa.”​—Mateus 10:28