Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 58

Yérusalém Diancurkeun

Yérusalém Diancurkeun

Hayoh wé urang Yuda ninggalkeun Yéhuwa deui jeung nyembah brahala, padahal geus mangtaun-taun Yéhuwa mantuan maranéhna. Yéhuwa geus ngutus nabi-nabi pikeun ngingetan maranéhna. Tapi lainna ngadéngékeun, maranéhna kalah ka nyeungseurikeun para nabi. Kumaha cara Yéhuwa numpes pamujaan brahala ieu?

Nébukadnésar raja Babul geus nalukkeun bangsa-bangsa. Basa nalukkeun Yérusalém, manéhna néwak Raja Yoyakin, para pamingpin, para prajurit, jeung para tukang. Kabéh digiring ka Babul. Terus, manéhna ngarampog kabéh harta di bait Yéhuwa. Sanggeus kitu, Nébukadnésar ngangkat Sidkia jadi raja Yuda.

Mimitina mah Sidkia tunduk ka Nébukadnésar. Tapi, bangsa-bangsa di sakurilingeun jeung nabi-nabi palsu ngolo Sidkia supaya barontak ngalawan Babul. Yérmia ngingetkeun, ’Mun barontak, bakal loba nu paéh, terus bakal aya kalaparan jeung wabah panyakit di Yuda.’

Sanggeus dalapan taun maréntah, Sidkia mutuskeun rék ngalawan Babul. Manéhna ménta bantuan ka pasukan Mesir. Jadi, Nébukadnésar ngirim pasukanana jang nyerang sarta masang kémah di sakurilingeun Yérusalém. Yérmia ngomong ka Sidkia, ’Ceuk Yéhuwa, mun Juragan nyerah ka Babul, Juragan jeung ieu kota bakal salamet. Tapi mun henteu, Babul bakal ngaduruk Yérusalém. Juragan ogé bakal ditawan.’ Ceuk Sidkia, ’Urang moal taluk!’

Sanggeus hiji satengah taun, témbok-témbok Yérusalém dibobol ku pasukan Babul. Kota jeung bait ogé diduruk, loba nu dipaéhan, sarta rébuan jalma ditawan.

Sidkia kabur ti Yérusalém, tapi diudag ku pasukan Babul. Sidkia ditéwak di deukeut Yériho, terus digiring ka Nébukadnésar. Di hareupeun Sidkia, raja Babul maéhan anak-anak lalaki Sidkia. Sidkia ogé dijieun lolong, terus diasupkeun ka panjara nepi ka paéhna. Tapi Yéhuwa jangji ka urang Yuda, ’Sanggeus 70 taun, Urang bakal mulangkeun maranéh ka Yérusalém.’

Naon nu bakal dialaman ku barudak ngora nu digiring ka Babul? Naha maranéhna bakal tetep satia ka Yéhuwa?

”Ya Allah Nu Maha Kawasa! Hukuman-hukuman ti Gusti adil, cocog sakumaha kedahna!”​—Wahyu 16:7