Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 59

Opat Budak Ngora nu Satia

Opat Budak Ngora nu Satia

Waktu turunan-turunan ningrat Yuda dibawa ka Babul, Nébukadnésar nitah Aspénas, kapala rumah tanggana, pikeun ngurus maranéhna. Aspénas dititah milih barudak lalaki ngora nu pangséhatna jeung pangpinterna. Barudak éta bakal dilatih salila tilu taun pikeun jadi abdi karaton di Babul. Maranéhna bakal diajar maca, nulis, jeung ngomong basa urang Babul. Maranéhna ogé bakal disuguhan kadaharan nu sarua jeung raja sarta para pajabat. Opat di antara nu kapilih nyaéta Daniél, Hananya, Misaél, jeung Asaria. Maranéhna dibéré ngaran urang Babul ku Aspénas. Ngaranna jadi: Béltésasar, Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo. Naha didikan ieu bakal nyieun maranéhna ninggalkeun Yéhuwa?

Opat budak ngora ieu geus tékad rék satia ka Yéhuwa. Maranéhna nyaho teu meunang ngadahar kadaharan raja, sabab dina Hukum Yéhuwa aya sato nu teu meunang didahar. Jadi, ceuk maranéhna ka Aspénas, ’Ulah méré kadaharan raja.’ Ceuk Aspénas, ’Mun Ujang gering lantaran teu ngadahar ieu, raja bakal maéhan urang!’

Daniél boga usul. Ceuk Daniél ka nu ngajagana, ’Béré sayur-sayuran jeung cai hérang wungkul salila sapuluh poé. Terus, bandingkeun jeung barudak ngora nu dahar kadaharan raja.’ Nu ngajagana satujueun.

Sanggeus sapuluh poé, Daniél jeung tilu baturna malah leuwih séhat ti batan nu séjén. Yéhuwa resep sabab maranéhna satia. Yéhuwa ogé masihan Daniél kamampuh pikeun nerangkeun harti titingalian jeung impian.

Sanggeus latihanana bérés, Aspénas mawa kabéh budak ngora ka Nébukadnésar. Raja ngobrol jeung maranéhna. Tapi Daniél, Hananya, Misaél, jeung Asaria leuwih pinter jeung bijaksana ti batan nu séjén. Jadi, opat budak ieu diangkat jadi abdi-abdi karaton. Raja sok ménta naséhat ka maranéhna ngeunaan masalah-masalah penting. Yéhuwa ogé nyieun maranéhna leuwih bijaksana ti batan kabéh juru naséhat jeung tukang sihir raja.

Sanajan aya di nagri batur, Daniél, Hananya, Misaél, jeung Asaria tetep inget yén maranéhna téh umat Yéhuwa. Naha hidep ogé bakal inget ka Yéhuwa sanajan teu aya kolot?

”Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun. Dina ucap, dina kalakuan, dina kanyaah, dina kapercayaan, jeung dina kamulusan hirup, hidep kudu jadi tuladan ka sasama saiman.”​—1 Timoteus 4:12