Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 61

Maranéhna Embung Sujud

Maranéhna Embung Sujud

Teu lila sanggeus ngimpi ngeunaan arca, Raja Nébukadnésar nyieun patung gedé tina emas. Éta patung diteundeun di tanah lapang di Dura. Terus, manéhna ngumpulkeun kabéh jalma penting ti sakuliah nagri, kaasup Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo di hareupeun patung. Raja maréntahkeun, ’Sanggeus ngadéngé sora tarompét, gambus, jeung kacapi, kabéh kudu sujud! Nu teu sujud, bakal digebruskeun ka jero pameuleuman nu ngagedur!’ Naha tilu urang Ibrani ieu bakal sujud ka patung? Atawa bakal tetep nyembah ka Yéhuwa?

Breng tatabeuhan ditabeuh. Kabéh rahayat sujud jeung nyembah ka patung. Tapi Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo mah henteu. Sababaraha lalaki arengeuheun, terus ngalapor ka raja, ’Tilu urang Ibrani éta embung sujud ka patung Raja.’ Raja nitah supaya maranéhna dibawa ka hareupeun raja. Ceuk raja, ’Urang méré kasempetan deui. Mun tetep teu sujud, maranéh bakal digebruskeun ka jero pameuleuman. Moal aya déwa nu bisa nyalametkeun maranéh.’ Maranéhna ngajawab, ’Raja teu kudu méré kasempetan deui. Allah abdi bisa nyalametkeun. Tapi saupama henteu ogé, abdi tetep moal nyembah éta patung.’

Amarah Nébukadnésar budal. Raja nitah palayanna, ’Gedéan seuneuna, panasna sina tujuh kalieun!’ Terus raja nitah para prajuritna, ’Talian éta jalma-jalma, gebruskeun ka jero!’ Brus tilu urang Ibrani digebruskeun. Tapi saking panasna éta seuneu, prajurit nu ngagebruskeunana paéh. Pas Nébukadnésar ningali ka jero, pék téh aya opat lalaki nu keur udar-ider di jero pameuleuman. Raja ngoréjat, terus nanya ka palayan, ’Lainna tilu nu digebruskeun téh? Naha geuning katingalina aya opat? Nu kaopat mah bet siga malaikat deui.’

Nébukadnésar ngadeukeutan pameuleuman, terus ngagero, ’Geura kaluar, abdi-abdi Allah Nu Maha Agung!’ Jalma-jalma mani olohok ningali Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo teu bocél-bocél acan. Kulit, buuk, jeung bajuna teu kaduruk, malah teu bau haseup-haseup acan.

Nébukadnésar ngomong, ’Allahna Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo téh Maha Agung. Mantenna ngutus malaikat pikeun nyalametkeun. Euweuh nu saperti Allah maranéhna.’

Saperti tilu urang Ibrani, naha hidep boga tékad pikeun satia ka Yéhuwa dina sagala kaayaan?

”Maneh kudu nyembah ka [Yéhuwa], Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!”​—Mateus 4:10