Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 63

Tulisan dina Témbok

Tulisan dina Témbok

Ayeuna, Bélsyasar jadi raja Babul. Hiji peuting, manéhna ngayakeun pésta gedé, ngondang sarébu jalma penting. Manéhna nitah palayan-palayan ngaluarkeun cangkir-cangkir emas nu dirampog ku Nébukadnésar ti bait Yéhuwa. Bélsyasar jeung tamu-tamuna ngarinum ti cangkir bari muji déwa-déwana. Ujug-ujug, muncul leungeun jelema, nulis tulisan anéh dina témbok.

Bélsyasar sieuneun. Manéhna manggil para tukang ramal sarta jangji, ’Nu bisa ngahartikeun tulisan ieu bakal diangkat jadi jalma katilu nu paling kawasa di Babul.’ Tapi, teu aya nu bisaeun. Ibu raja asup jeung ngomong, ’Aya lalaki nu ngaranna Daniél. Manéhna bisa ngahartikeun impian jeung hal-hal hésé ka Nébukadnésar. Manéhna ogé tangtu bisa ngahartikeun tulisan ieu.’

Daniél datang ka raja. Ceuk raja, ’Mun manéh bisa maca jeung ngahartikeun tulisan ieu, manéh bakal dibéré kongkorong emas sarta diangkat jadi jalma katilu nu paling kawasa di Babul.’ Ceuk Daniél, ’Juragan teu kudu méré hadiah, tapi abdi bakal ngajelaskeun harti tulisan ieu. Nébukadnésar, bapana Juragan téh sombong, Yéhuwa ngarendahkeun manéhna. Juragan tos terang nu kaalaman ku Nébukadnésar, tapi angger wé Juragan teu ngahormat ka Yéhuwa. Juragan nginum anggur maké cangkir emas tina bait-Na. Jadi, Allah nulis: Méné, Méné, Takél, Uparsin. Hartina, urang Média jeung Pérsia bakal nalukkeun Babul. Juragan moal jadi pangawasa deui.’

Basa éta, katingalina teu aya nu bisa nalukkeun Babul. Éta kota dikurilingan ku témbok kandel jeung walungan nu jero. Tapi peuting éta, pasukan Média jeung Pérsia nyerang! Raja Korés ti Pérsia nyaatkeun walungan, jadi para prajuritna bisa meuntas ka gerbang kota. Pas geus nepi, pék téh gerbang kabuka! Pasukan langsung nyerbu, nalukkeun kota, jeung maéhan raja. Ahirna, Korés jadi pangawasa Babul.

Dina taun éta ogé, Korés ngumumkeun, ’Yéhuwa nitah urang ngawangun deui bait-Na di Yérusalém. Nu hayang ngabantu meunang indit.’ Jadi saperti jangji Yéhuwa, 70 taun sanggeus Yérusalém diancurkeun, loba urang Yahudi balik deui ka lemah caina. Korés mulangkeun cangkir-cangkir sarta parabot emas jeung pérak nu dirampog ku Nébukadnésar. Naha hidep ningali, Yéhuwa ngagunakeun Korés pikeun mantuan umat-Na?

”Rugrug! Babul nu sohor geus rugrug! Ayeuna manehna geus jadi pangulinan setan-setan.”​—Wahyu 18:2