Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 64

Daniél di Guha Singa

Daniél di Guha Singa

Salah sahiji raja Babul nyaéta Darius ti Média. Darius nganggap Daniél téh istiméwa. Jadi, Daniél diangkat sabagé pangawas pikeun jalma-jalma penting. Jalma-jalma éta sirik, hayang nyingkirkeun Daniél. Maranéhna nyaho Daniél sok ngadoa ka Yéhuwa tilu kali sapoé. Jadi, ceuk maranéhna ka Darius, ’Nun Raja, kuduna aya hukum supaya rahayat ngan ngadoa ka Raja wungkul. Nu ngalanggar, kudu diasupkeun ka guha singa.’ Darius satujueun, surat paréntahna ditanda tangan.

Sanggeus ngadéngé hukum nu anyar, Daniél balik ka imahna. Brek Daniél sujud, ngadoa di hareupeun jandéla nu kabuka. Jalma-jalma tadi ngagerebeg Daniél nu keur ngadoa! Buru-buru maranéhna ngadukeun ka raja, ’Daniél ngalanggar paréntah Raja! Daniél masih ngadoa ka Allahna tilu kali sapoé.’ Darius embung Daniel dipaéhan sabab resepeun ka Daniél. Sapoéan Darius néangan cara supaya Daniél salamet. Tapi, hukum nu geus ditanda tangan teu bisa dirobah deui, ku raja ogé teu bisa. Ahirna, kapaksa raja nitah palayanna ngagebruskeun Daniél ka guha singa.

Saking hariwangna ka Daniél, peuting éta Darius teu bisa saré. Isukna, Darius buru-buru ka guha sarta manggil, ’Daniél, Allah manéh nyalametkeun teu?’

Kadéngé aya sora. Éta téh Daniél! Ceuk Daniél, ’Malaikat Yéhuwa ngabekem sungut singa-singa, abdi teu nanaon.’ Darius bungah pisan! Terus, Darius nitah supaya Daniél dikaluarkeun. Daniél teu bocél-bocél acan. Darius ogé nitah, ’Gebruskeun jalma-jalma nu ngadukeun Daniél!’ Pas digebruskeun, gabrug singa-singa langsung ngahakan maranéhna.

Darius méré paréntah ka rahayat, ’Unggal jalma kudu boga kasieun ka Allahna Daniél. Mantenna geus nyalametkeun Daniél ti singa-singa.’

Naha hidep ogé sok ngadoa ka Yéhuwa unggal poé, siga Daniél?

”Pangeran teh uninga ka jelema anu nurut ka Mantenna, anu kudu disalametkeun tina sagala gogoda.”​—2 Petrus 2:9