Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 65

Éster Nyalametkeun Bangsana

Éster Nyalametkeun Bangsana

Éster téh awéwé Yahudi nu hirup di kota Susan, Pérsia. Éster diasuh ku dulur misanna, nyaéta Mordekai. Mordekai téh pajabat Raja Ahaswéros ti Pérsia.

Raja Ahaswéros keur néangan ratu anyar. Para palayan mawa awéwé-awéwé nu panggeulisna ti sakuliah nagri, kaasup Éster. Ahirna, Éster nu dipilih. Mordekai geus ngomat-ngomatan Éster ulah bébéja yén manéhna téh urang Yahudi.

Aya saurang kapala pajabat nu sombong, ngaranna Haman. Haman hayang unggal jalma sujud ka manéhna. Tapi Mordekai embungeun, jadi Haman ambek pisan nepi ka hayang maéhan manéhna. Pas nyaho Mordekai téh urang Yahudi, Haman nyieun rencana jang maéhan kabéh urang Yahudi. Haman ngomong ka raja, ’Bangsa Yahudi téh bahaya, kudu dibasmi.’ Ceuk raja, ’Kop wé kumaha manéh.’ Terus, raja méré Haman kawasa pikeun nyieun surat paréntah. Eusina nyaéta pikeun maéhan kabéh urang Yahudi dina tanggal 13 bulan Adar. Tapi, Yéhuwa merhatikeun éta kabéh.

Éster teu nyaho ngeunaan hal éta. Jadi, Mordekai ngirim salinan surat paréntahna sarta nitah, ’Geura ngadep jeung ngomong ka raja.’ Ceuk Éster, ’Jalma nu ngadep raja tanpa diondang bakal dipaéhan. Geus 30 poé abdi teu diondang. Tapi, abdi bakal ngadep. Mun raja nyodorkeun iteukna, abdi tetep hirup. Mun henteu, abdi réla paéh.’

Éster indit ka palataran singgasana raja. Pas ningali Éster, raja nyodorkeun iteukna. Éster nyampeurkeun, terus raja nanya, ’Hayang naon, Éster?’ Jawab Éster, ’Abdi badé ngondang Raja jeung Haman ka pésta.’ Di éta pésta, Éster ngondang maranéhna deui ka pésta kadua. Di pésta nu kadua, raja nanya deui, ’Mangga sebutkeun, aya kahayang naon?’ Ceuk Éster, ’Aya nu rék maéhan abdi jeung bangsa abdi. Mugia Raja nyalametkeun abdi sadaya.’ Raja nanya, ’Saha nu rék maéhan?’ Ceuk Éster, ’Tah Haman, si jahat ieu!’ Ahaswéros ngamuk jeung nitah supaya Haman langsung dipaéhan.

Tapi, teu aya nu bisa ngabatalkeun surat paréntah Haman, kaasup raja. Jadi, raja ngangkat Mordekai sabagé kapala pajabat jeung méré kawasa pikeun nyieun surat paréntah nu anyar. Eusina nyaéta ngidinan urang Yahudi ngabéla diri ku cara nyerang musuh-musuhna. Pas tanggal 13 bulan Adar, urang Yahudi ngéléhkeun musuh-musuhna. Ti saprak éta, maranéhna ngayakeun pésta unggal taun sabab geus unggul perang.

”Maraneh bakal dipariksa ku nu karawasa jeung ku raja-raja, pedah anut ka Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh mere pertelaan hal Kami ka maranehna jeung ka jelema-jelema.”​—Mateus 10:18