Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 67

Témbok Yérusalém

Témbok Yérusalém

Ayeuna, hayu tingali kisah waktu témbok Yérusalém can bérés diwangun. Néhémia téh hiji pajabat Raja Artahsasta. Manéhna urang Israil nu cicing di kota Susan, Pérsia. Dulurna ti Yuda datang bari ngalapor, ’Jalma-jalma nu balik ka Yérusalém téh keur kaancam. Témbok jeung gapura kota nu diancurkeun Babul can dioméan deui.’ Néhémia sedih pisan. Manéhna hayang mantuan ka Yérusalém. Jadi, manéhna ngadoa supaya raja ngidinan indit.

Hiji poé, raja ningali Néhémia mani sedih. Raja nanya, ’Aya naon? Manéh teu pernah kieu saacanna.’ Ceuk Néhémia, ’Abdi sedih, kota abdi Yérusalém téh ancur.’ Raja nanya deui, ’Cik, manéh hayangna kumaha?’ Néhémia langsung ngadoa di jero haté. Terus manéhna ngomong, ’Mugia Raja ngidinan abdi indit ka Yérusalém pikeun ngawangun deui témbokna.’ Artahsasta ngidinan sarta mastikeun Néhémia aman di perjalanan. Raja ogé ngangkat Néhémia jadi gupernur Yuda sarta méré kayu-kayu keur bahan gapura kota.

Pas nepi di Yérusalém, Néhémia mariksa témbok-témbok kota. Manéhna ngumpulkeun imam-imam jeung para pamingpin, terus ngomong, ’Kaayaan téh mani ngenes pisan. Hayu urang oméan!’ Jalma-jalma satuju jeung langsung ngawangun deui témbok-témbok.

Tapi, musuh-musuh Israil moyokan, ’Témbok naon siga kitu, didobrak ku anjing gé rubuh!’ Nu digarawé teu ngaladénan, tetep wé ngawangun. Témbokna beuki luhur jeung weweg.

Musuh boga rencana rék ngadadak nyerang Yérusalém, sina kalangkabut. Waktu nyaho, urang Yahudi jadi sieun. Tapi ceuk Néhémia, ’Ulah sieun. Yéhuwa nyarengan urang.’ Manéhna ogé nempatkeun tukang-tukang jaga pikeun ngajaga nu digarawé. Jadi, musuh moal bisa nyerang.

Ngan dina 52 poé, témbok jeung gapura bérés diwangun! Néhémia mawa kabéh urang Léwi ka Yérusalém pikeun ngaresmikeun témbok Yérusalém. Néhémia ngabagi tukang nyanyi jadi dua rombongan. Ti Gapura Pancuran, rombongan éta indit, hiji ka kénca hiji ka katuhu, ngurilingan éta kota. Maranéhna niup tarompét, maén kecrék jeung kacapi, sarta nyanyi muji Yéhuwa. Ésra indit jeung rombongan kahiji. Néhémia indit jeung rombongan nu kadua. Maranéhna ngurilingan kota nepi ka amprok di bait. Kabéh lalaki, awéwé, jeung barudak méré kurban ka Yéhuwa sarta ngayakeun pésta. Saking bagjana, surakna kadéngé nepi ka tempat nu jauh.

”Satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu.”​—Yesaya 54:17