Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 68

Élisabét Boga Orok

Élisabét Boga Orok

Ayeuna, geus leuwih ti 400 taun ti saprak témbok Yérusalém bérés diwangun deui. Imam nu ngaranna Jakaria jeung pamajikanana, nyaéta Élisabét, cicing di deukeut éta kota. Geus mangtaun-taun maranéhna nikah, tapi can boga budak kénéh. Hiji poé pas Jakaria keur meuleum menyan di bait Allah, malaikat Jabrail datang. Jakaria ngoréjat sieuneun. Tapi Jabrail ngomong, ’Ulah sieun. Urang mawa warta pikabungaheun ti Yéhuwa. Élisabét bakal ngalahirkeun orok lalaki, ngaranna Yohanes. Yéhuwa geus milih Yohanes pikeun tugas nu istiméwa.’ Jakaria ngomong, ’Asa teu percaya. Abdi jeung pamajikan geus kolot, geus moal bisa boga budak.’ Ceuk Jabrail, ’Urang diutus ku Allah pikeun nepikeun warta ieu. Tapi manéh teu percaya, jadi manéh bakal bisu nepi ka éta orok lahir.’

Jakaria mani lila di jero bait. Jalma-jalma geus ngadaragoan di luar. Jadi pas Jakaria kaluar, maranéhna panasaran hayang nyaho aya kajadian naon. Jakaria teu bisaeun ngomong, ngan bisa méré isarat leungeun. Jalma-jalma engeuheun yén Jakaria kakara dibéré ilham ku Allah.

Ahirna, Élisabét ngandung jeung ngalahirkeun orok lalaki, sakumaha omongan malaikat. Babaturan jeung dulur-dulurna daratang ningali éta orok. Maranéhna ogé ngarasa bagja. Ceuk Élisabét, ’Ieu orok ngaranna Yohanes.’ Maranéhna ngomong, ’Di kulawarga manéh euweuh nu ngaranna Yohanes. Béré ngaran Jakaria wé siga bapana.’ Tapi Jakaria nulis, ’Ngaranna Yohanes.’ Ujug-ujug, Jakaria bisa ngomong deui! Carita ngeunaan éta orok nyebar ka sakuliah Yudéa. Jalma-jalma panasaran, ’Bakal jadi naon budak téh?’

Geus kitu, Jakaria dipinuhan ku roh suci. Manéhna ngaramalkeun, ’Puji Yéhuwa! Mantenna jangji ka Ibrahim, bakal ngutus Mésias pikeun nyalametkeun urang. Yohanes bakal jadi nabi jeung bakal nyiapkeun jalan keur Mésias.’

Hal nu istiméwa ogé dialaman ku dulur Élisabét, nyaéta Mariam. Hayu urang bahas dina palajaran saterusna.

”Mustahil soteh ceuk manusa, keur Allah mah teu aya nu mustahil.”​—Mateus 19:26