Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 69

Jabrail Sumping ka Mariam

Jabrail Sumping ka Mariam

Élisabét boga dulur nu ngora kénéh, ngaranna Mariam. Mariam cicing di kota Nasarét, Galiléa. Mariam geus tunangan jeung Yusup, si tukang kayu. Basa kandungan Élisabét nincak genep bulan, malaikat Jabrail sumping ka Mariam. Malaikat éta ngomong, ’Salam, Mariam! Yéhuwa nyaah pisan ka Nyai.’ Mariam teu ngarti naon maksudna. Ceuk Jabrail, ’Nyai bakal ngandung jeung ngalahirkeun orok lalaki. Éta orok kudu dingaranan Yésus. Anjeunna bakal jadi Raja. Karajaanana moal aya tungtungna.’

Ceuk Mariam, ’Tapi, abdi parawan kénéh. Na enya bisa boga budak?’ Ceuk Jabrail, ’Euweuh nu mustahil keur Yéhuwa. Nyai bakal dipinuhan ku roh suci, jadi bakal boga budak lalaki. Élisabét dulur Nyai ogé keur ngandung.’ Mariam ngajawab, ’Abdi téh palayan Yéhuwa. Mugia omongan Juragan laksana.’

Mariam indit ka imah Élisabét di hiji kota di pagunungan. Pas Mariam ngucapkeun salam, jabang bayi di jero kandungan Élisabét ajrug-ajrugan atoheun. Élisabét dipinuhan ku roh suci jeung ngomong, ’Mariam, hidep téh diberkahan ku Yéhuwa. Ieu téh kahormatan, Ibu bisa disumpingan ku indungna Mésias.’ Ceuk Mariam, ’Abdi muji Yéhuwa sapinuh haté.’ Mariam cicing di imah Élisabét salila tilu bulan, terus balik ka imahna di Nasarét.

Pas nyaho Mariam ngandung, Yusup hayang pegat tunangan. Tapi, malaikat muncul dina impian Yusup jeung ngomong, ’Ulah sieun nyokot Mariam jadi pamajikan. Mariam teu salah.’ Ahirna, Yusup nikah jeung Mariam.

”Mantenna iasa midamel naon bae sakersa-Na, di langit jeung di bumi, di lautan jeung di jero samudra.”​—Jabur 135:6